1(102-1) Doa ti nu keur lara, keur teu daya teu upaya, anu ngucutkeun eusi hatena ka PANGERAN. (102-2) Nun PANGERAN, mugi dangukeun panyambat abdi, jerit abdi neneda pitulung mugia dongkap ka Gusti;
2(102-3) mugi Gusti ulah ngalieus, nalika abdi keur sangsara, dangukeun nun Gusti, abdi jumerit, mugi Gusti kersa enggal ngawaler.
3(102-4) Margi umur abdi teh musna lir haseup, sungsum balung asa panas lir diduruk,
4(102-5) awak laleuleus lir jukut garing teu hayang neda-neda acan.
5(102-6) Abdi mung tiasa udah-aduh, awak ngajangjawing, kantun kulit sareng tulang.
6(102-7) Abdi lir manuk di gurun keusik, lir bueuk di ruruntuhan sepi.
7(102-8) Ngagoler teu daek sare, kawas manuk nyorangan di suhunan imah.
8(102-9) Sadidinten hantem bae dicacampah ku musuh, ngaran abdi dijarieun panyumpahan ku sugri nu mikaijid.
9(102-10) Tedaeun abdi sanes sangu nanging lebu, inumeun pacampur sareng cipanon,
10(102-11) da ku Gusti sakitu dibenduanana sareng disiksana, dugi ka dijeuwang lajeng digejretkeun pisan.
11(102-12) Umur abdi lir kalangkang wanci tunggang gunung, abdi teh lir jukut garing.
12(102-13) Nanging nun PANGERAN, Gusti mah jumeneng Raja salalanggengna, jenengan Gusti tetep baris dipiemut, turunan nema turunan.
13(102-14) Gusti tangtos bijil nembongkeun kawelas ka Sion, parantos waktosna eta teh dipikawatir, nya ayeuna mangsana.
14(102-15) Eta teh sanaos parantos burak-barik, tetep dipikacinta ku sadaya abdi Gusti, sanaos eta teh kantun ruruntuk, tetep ku maranehna dipikawatir.
15(102-16) Bangsa-bangsa baris gimir ku PANGERAN, raja-raja di bumi sadayana bakal rentag ku kakawasaana-Na.
16(102-17) Lamun PANGERAN geus ngawangun deui Sion, kaagungan Mantenna bakal diebrehkeun.
17(102-18) Mantenna bakal malire umat-Na anu geus teu dipirosea, paneda maranehna baris didangu.
18(102-19) Tuliskeun sakur anu geus dipidamel ku PANGERAN, pikeun turunan nu bakal datang, supaya jalma-jalma nu ayeuna tacan lahir engke maruji ka Mantenna.
19(102-20) PANGERAN ningali ka handap ti tempat suci-Na di luhur, ningali ka bumi di handap, ti sawarga.
20(102-21) Mantenna ngadangukeun udah-aduhna para tahanan, jeung ngaleupaskeun anu meunang hukum pati;
21(102-22) Ku sabab kitu jenengana-Na bakal dimashurkeun di Sion, Mantenna bakal diparuji di Yerusalem,
22(102-23) lamun bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan bareng daratang, sarta ngabarakti ka PANGERAN.
23(102-24) Tanaga kaula ku PANGERAN dileumpeuhkeun ngora-ngora, umur kaula ku Mantenna dipondokkeun.
24(102-25) Nya kaula sasambat: "Nun Allah, mugi abdi ulah dicandak satengahing umur." Nun PANGERAN, Gusti teh jumeneng langgeng,
25(102-26) kapungkur ngadegkeun bumi, langit oge hasil damel panangan Gusti;
26(102-27) eta bakal keuna ku musna, nanging Gusti mah langgeng jumeneng sapapaosna, eta sadayana bakal bobo kawas lawon, sarta ku Gusti disingkirkeun lir baju butut, ahirna musna,
27(102-28) dupi Gusti mah tetep henteu robah-robah, hadirat Gusti teu aya tamatna.
28(102-29) Anak incu abdi-abdi Gusti tiasa hirup tengtrem, sarta turunan maranehna ge bakal aman, ku karana pangraksa Gusti.