Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 103 >> 

1Ti Daud. Mulyakeun PANGERAN, he nyawa, mulyakeun sakuat-kuat jenengana-Na nu suci!

2Mulyakeun PANGERAN, he nyawa, jeung ulah poho, kumaha saena Mantenna.

3Mantenna ngahampura sakabeh dosa kaula, nyageurkeun sagala panyakit kaula.

4Ngajaga kaula tina liang kubur, sarta ngaberkahan kaula kalayan asih jeung welas.

5Mantenna ngeusian hirup kaula ku hal-hal anu harade, nepi ka kaula awet ngora tur rosa tanaga kawas galudra.

6PANGERAN geus maparin kaadilan, jeung ngabela hak sakur nu dikaniaya.

7Maksad Mantenna ku Mantenna geus diterangkeun ka Musa, padamelan-padamelana-Na geus dipintonkeun ka kaom Israil.

8Estu PANGERAN teh welas asih, lautan kurnia, sabar adil palamarta, sarta jembar hampura-Na,

9tara terus nyeuseul salawasna, tara terus bendu salalanggengna;

10ngahukumna ge tara diukur-ukur kana dosa urang, tara diijir-ijir kana kadorakaan urang;

11malah saenyana mah, sakumaha jauhna tanah ka langit, nya sakitu rosana kawelasana-Na ka sakur anu hormat ka Mantenna teh.

12Sakumaha anggangna wetan ti kulon, nya sakitu jauhna dosa-dosa urang dijauhkeunana ti urang.

13Sakumaha bapa nyaaheun ka anakna, PANGERAN teh nyaaheun ka sakur anu hormat ka Mantenna.

14Mantenna uninga kana bahan asal urang, kaemut yen urang teh saukur lebu.

15Urang mah, hirup urang lir ibarat jukut, sirungan jeung ngagedean kawas kembang tegalan,

16les bae euweuh, katiup ku angin, moal katenjo-tenjo deui.

17Tapi ka sakur nu hormat ka PANGERAN mah asih-Na teh langgeng, sarta kasaeana-Na tumuluy ka sakabeh turunan,

18jalma-jalma anu nyekel jangji Mantenna, jeung anu gumati kana timbalana-Na.

19PANGERAN ngadegkeun tahta-Na di sawarga, Mantenna raja anu murba wisesa.

20Mulyakeun PANGERAN, he para malaikat anu garagah perkosa, anu narurut ka pangersa Mantenna, anu gumati kana saungeling dawuhana-Na.

21Mulyakeun PANGERAN, he wadya balad sawargawi, he para kawula-Na, anu ngemban pangersa-Na.

22Mulyakeun PANGERAN, he sakabeh mahluk Mantenna di sakabeh tempat bawahan pamarentahana-Na, mulyakeun PANGERAN, he nyawa!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 103 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel