Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 104 >> 

1Mulyakeun PANGERAN, he nyawa! Nun PANGERAN, Allah abdi, Gusti teh Maha Agung! Gusti dangdos ku kaagungan sareng kamulyaan,

2salira dikubeng ku cahya. Gusti mantengkeun langit sapertos tenda,

3sareng ngadegkeun malige Gusti di luhur cai di langit. Mega dijadikeun kareta, angkat nitih jangjang angin.

4Angin dijadikeun utusan, kilat dijadikeun palayan.

5Gusti ngadegkeun bumi, nangtungna kukuh dina pademenna, moal inggeung-inggeung.

6Bumi ku Gusti diliputan ku lautan, minangka jubahna, cai lautan ngeueum gunung-gunung.

7Barang ku Gusti dihaok, cai teh kabur, purat-perot nguping haokna parentah Gusti,

8nyeot ti gunung-gunung ka lebak-lebak ka tempat anu ku Gusti parantos dipidamel keur eta.

9Gusti matok wawatesanana, anu ku eta hamo tiasa diliwatan, supados eta teh henteu ngaliputan bumi deui.

10Gusti ngadamel cinyusu-cinyusu, tingburial di lebak-lebak, walungan-walungan ngalocor di antara pasir-pasir,

11nyadiakeun cai nyadiaan margasatwa; di dinya kalde-kalde alas nyirnakeun hanaangna.

12Dina tatangkalan deukeut sisi-sisina, manuk-manak nyarieun sayang, jeung ngarawih disarada.

13Ti langit, Gusti ngahujanan pasir-pasir, sareng bumi dieusi ku rahmat Gusti.

14Gusti ngadamel jukut jaradi jang sasatoan, sareng rupi-rupi tutuwuhan jang kaperluan manusa, dugi ka manehna tiasa pepelakan keur paneneun,

15sareng ngahasilkeun anggur keur nyukakeun dirina, minyak jetun keur ngagumbirakeunana, sareng roti keur nimbulkeun tanagana.

16Kayu kiputri Libanon, seueur kengingna hujan — tatangkalan milik PANGERAN ku anjeun, pelak Mantenna,

17enggon manuk-manuk nyarayang; manuk-manuk bango mah nyarayangna dina tangkal caringin.

18Embe-embe alas nyaricingan gunung-gunung nu laluhur, peucang-peucang nyarumputna dina batu-batu cadas.

19Gusti ngadamel bulan keur tanda waktu, panonpoe ngartieun iraha wancina surup.

20Gusti ngadamel peuting, sareng dina poekna sasatoan alas laliar;

21singa-singa ngora tinggalaur neangan mangsa, neangan hakaneunana anu geus disadiakeun ku Allah.

22Ana panonpoe meletek, sato-sato alas ngarampih deui, dararepa di enggonna.

23Jalma-jalma kalaluar muru pagaweanana, digarawe nepi ka burit.

24Sakitu pepekna dadamelan Gusti, nun PANGERAN! eta sadayana dipidamelna estu kalayan binangkit, bumi teh pinuh ku saniskara ciciptan Gusti.

25Blang lautan upluk-aplak, katut mahluk-mahluk pangeusina ageung alit, tanpa wilangan,

26paranti kapal-kapal balayar, tempat ulin Lewiatan, mahluk raksasa laut ciciptan Gusti.

27Eta sadayana sumender ka Gusti nu maparin tedaeunana dina waktosna.

28Tedaeunana ku Gusti dipasihkeun, seug ditareda, Gusti anu nyayagikeunana, maranehna sarugema.

29Ana ku Gusti disingkiran, maranehna kasieunan, ana napas Gusti dicabut ti maranehna, maranehna maraot, marulang jadi lebu, asal-usul maranehna.

30Nanging upami ku Gusti dipasihan ambekan, maranehna jadi araya, Gusti maparin hirup anyar ka bumi.

31Mugia kamulyaan PANGERAN tetep langgeng! mugia PANGERAN ngaraos bagja ku sugri dadamelana-Na!

32Bumi ku Mantenna diteuteup, bumi ngeleper, gunung-gunung ku Mantenna ditoel, peledug bijilan haseup.

33Kaula seja nyelukkeun PANGERAN saumur-umur seja nyanyi ngamulyakeun Allah kaula sapanjang gumelar.

34Mugia pupujian kaula kamanah ku Mantenna, lantaran kabungah kaula timbulna ti Mantenna.

35Muga-muga jalma-jalma dosa ditumpes ti bumi para durjana sing ulah aya nu kari. Mulyakeun PANGERAN, he nyawa! Mulyakeun PANGERAN!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 104 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel