Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 105 >> 

1Mulyakeun PANGERAN, sambat jenengana-Na, mashurkeun padamelana-Na ka sakumna umat;

2sanggakeun pupujian jeung lalaguan ka Mantenna, caritakeun sagala karyana anu pikahelokeun.

3Kudu bungah yen urang teh umat kagungana-Na, sakur nu ngabakti ka PANGERAN sing suka ati.

4Kudu neneda ka PANGERAN katut pangawasa-Na, salawasna ulah jauh ti hadirat-Na.

5Sing aringet kana mujijat-mujijat Mantenna nu enggeus-enggeus, kitu deui kana tanda-tanda aheng jeung hukum tina lambe-Na,

6he turunan Ibrahim, abdi-Na, he rundayan Yakub, anu ku Mantenna kapilih!

7Mantenna teh PANGERAN, Allah urang, timbalan Mantenna tumerap di sakuliah jagat.

8Mantenna salalanggengna ge satia kana jangji-Na, timbalan nu dikeunakeun ka sarebu turunan,

9jangji anu ku Mantenna disimpay sareng Ibrahim, jeung anu dijadikeun sumpah ka Isak,

10oge eta jangji-Na teh dibeungkeutkeun ka Yakub jadi papagon, sarta dijadikeun jangji anu langgeng ka Israil,

11kieu dawuhana-Na harita: "Maneh rek dibere tanah Kanaan, jadi milik pusaka keur maneh."

12Harita bilangan umat Allah saeutik keneh, masing sakumbuhan leutik tur ayana di dunyana ukur numpang,

13jeung masih pipindahan ti nagara ieu ka nagara itu, ti karajaan ieu ka karajaan itu.

14Tapi sing saha bae ku Mantenna teu diantep nganiaya maranehna, raja-raja nu nyusuker ka maranehna ku Mantenna dibendon,

15timbalana-Na: "Ulah wani-wani ngagunasika umat pilihan Kami, sarta nabi-nabi Kami teu meunang diganggu."

16Waktu eta nagara ku Mantenna digebug ku paceklik, sarta saniskara bahan dahareun dimusnakeun,

17Mantenna ngiangkeun heula hiji jalma pikeun jadi jalan, nya eta Yusup, ku jalan dijual jadi abdi;

18anjeunna dibelok, sampeanana dibangbaluhan, dikongkorongan rante beusi,

19nepi ka cunduk waktuna, panorahna ngabukti, cocog sakumaha pituduh PANGERAN ka anjeunna.

20Tuluy raja Mesir, ngaluarkeun anjeunna ti jero panjara, eta pangereh bangsa-bangsa teh ngabebaskeun anjeunna.

21Tuluy disina ngajalankeun pamarentahanana, dikawasakeun marentah sakuliah nagri,

22kawasa ka para ponggawa raja, sarta wenang marentah ka para jurunasehat raja.

23Ti dinya Yakub sumping ka Mesir, tanah Ham, sarta lajeng matuh bubuara di dinya,

24ku Mantenna dikersakeun jadi jembar baranahan, malah jadi leuwih kuat batan satruna.

25Pikir satruna ku Mantenna dirobah jadi ijid ka umat-Na, abdi-abdi Mantenna ku maranehna ditipu diperdaya.

26Mantenna ngutus Musa, abdi-Na, disarengan ku Harun, anu kapilih ku Mantenna.

27Aranjeunna ngayakeun tanda-tanda aheng tumut sapituduh PANGERAN, jeung mujijat-mujijat di sakuliah tanah Mesir tea.

28Mantenna nurunkeun pepeteng, reup poek ngajumbleng; tapi bangsa Mesir tetep wangkelang kana timbalana-Na.

29Mantenna ngarobah sakabeh cai di sakuliah tempat di dinya, ngajadi getih, laukna disina paraeh,

30geus kitu tanahna sina pinuh ku bangkong, malah pinuh nepi ka karaton raja.

31Allah nimbalan, breng laleur jeung rambetuk nararapuk di sakuliah nagri.

32Hujan di eta nagri ku Mantenna dirobah jadi hujan es jeung kilat.

33Pelak anggurna, pelak kondangna, diburak-barik, kakayon-kakayon dirungkad-rungkadkeun.

34Mantenna nimbalan, brul datang simeut, lobana tanpa wilangan;

35ngaharakanan sakabeh pepelakan di eta tanah sakabeh hasil bumi beak digalaksak.

36Mantenna maehan sakabeh anak cikal lalaki ti unggal kulawarga urang Mesir.

37Lajeng umat-Na dicandak budal, rebo ku emas perak, tur kabeh sarehat marulus.

38Sanggeus maranehna budal, urang Mesir barungah hatena, sabab geus baroga rasa sieun ku maranehna teh.

39PANGERAN meberkeun mega pikeun jadi iuh-iuh, jeung ngayakeun tihang seuneu pikeun nyaangan ari peuting.

40Maranehna neneda, Mantenna ngadatangkeun aleutan puyuh, sarta maranehna dipiseubeuhan ku roti ti sawarga.

41Mantenna meulah karang, golontor kaluar cai, terus ngocor di gurun keusik kawas walungan.

42Eta lantaran Mantenna ngemutkeun jangji suci-Na ka Ibrahim abdi-Na.

43Kitu Mantenna nuyun umat-Na budalan, sarta maranehna nyaranyi, sarurak.

44Ku Mantenna dipaparin tanah bangsa-bangsa lian, lahan-lahanna dimilikkeun ka maranehna tea,

45sangkan maranehna tuhu kana hukum-hukum-Na, jeung ngestokeun sagala parentah Mantenna. Mulyakeun PANGERAN!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 105 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel