Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 108 >> 

1Lagu. Jabur Daud. Abdi percaya sagemblengna ka Gusti, nun Allah, seja nyanyi sareng muji ka Gusti! Hudang, eh nyawa!

2Geura nyaring, he kacapi jeung siter, kami rek ngahudangkeun panonpoe.

3Nun PANGERAN, abdi seja nganuhunkeun ka Gusti di satengahing bangsa-bangsa, seja muji Gusti di tengah umat manusa.

4Welas asih Gusti maratan cakrawala, kasatiaan Gusti maratan angkasa.

5Tembongkeun kaagungan Gusti di langit, nun Allah, kamulyaan Gusti sumiratkeun ka sakuliah jagat.

6Salametkeun abdi sadaya ku pangawasa Gusti, dangukeun paneda abdi, supados umat kaasih Gusti kajait.

7Ti kasuciana-Na Allah ngadawuh, "Kalawan digjaya Kami rek mecah Sekem, jeung rek ngabagikeun Lebak Sukot ka umat Kami.

8Gilad boga Kami, kitu oge Manase. Epraim balakutak Kami, ari Yuda teteken karajaan Kami.

9Tapi Moab mah rek dijieun kobokan Kami sarta Kami rek maledogkeun tarumpah ka Edom, pikeun tanda yen eta jadi milik Kami. Kami rek nyurakkeun kaunggulan ka urang Pelisti."

10Nun Allah, saha anu baris mawa abdi ka jero kota benteng? Saha nu baris mingpin abdi ka Edom?

11Naha leres Gusti nolak ka abdi sadaya? Naha moal angkat nyarengan balad urang?

12Tulungan abdi sadaya ngayonan musuh, margi pitulung manusa mah gaplah.

13Reujeung Allah di gigireun, urang baris unggul, Mantenna baris ngelehkeun musuh urang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 108 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel