1Jabur Daud. PANGERAN ngadawuh kieu ka raja gusti kaula: "Geura calik katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh hidep, ku Kami dijieun titincakan hidep."
2PANGERAN ti Sion bakal ngalegakeun karajaan Jeng Gusti, dawuhana-Na, "Geura ereh musuh-musuh hidep."
3Dina dintenan Gusti merangan musuh, rahayat baris maju sukarela. Lir ibun turun enjing-enjing para taruna baris darongkap ka Gusti di pasir suci.
4PANGERAN jangji nganggo sumpah tur hamo dicabut deui, "Hidep baris jadi imam salalanggengna, sakumaha Melkisidik."
5PANGERAN aya di tengeneun Jeng Gusti, ana Mantenna bendu, raja-raja pasti areleh.
6Mantenna baris ngahukum bangsa-bangsa, medan perang bakal disina pinuh ku mayit, raja-raja sakuliah bumi baris dielehkeun.
7Sang raja bakal ngaleueut ti susukan sisi jalan, kakiatanana pulih deui, bakal terus unggul.