1Puji PANGERAN! Kaula seja nganuhunkeun ka PANGERAN saiklas-iklasna, dina pagempungan umat-Na.
2Estu aheng padamelan-padamelan PANGERAN! pantes mun diaraji ku sakur nu kataji.
3Dadamelana-Na estu mulya sarta agung, tur kaadilana-Na langgeng.
4PANGERAN moal kersaeun urang poho kana damel-Na anu araheng; Mantenna sae jeung welasan.
5Mantenna ngarijkian ka sakur anu ngahormat, tur tara lali kana perjangjiana-Na.
6Mantenna geus nembongkeun kakawasaan ka umat-Na, ku jalan masihkeun ka maranehna tanah milik bangsa-bangsa lian.
7Dina sagala damelna Mantenna satia jeung adil sagala parentah-Na beunang dipercaya,
8tahan dina sagala jaman, diparentahkeunana kalawan sayakti jeung adil
9Mantenna ngabebaskeun umat-Na, sarta ngayakeun perjangjian langgeng jeung maranehna. Mantenna estu suci tur hebat!
10Saha-saha anu hayang jadi jalma bijaksana, kudu hormat ka PANGERAN. Mantenna baris maparin pangarti anu sehat ka anu ta’at kana parentah-Na. Mantenna layak dipuji salalanggengna.