Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 118 >> 

1Puji sukur ka PANGERAN, ku tina kasaeana-Na, ku tina langgeng asih-Na.

2Ucapkeun ku Israil, "Asih Mantenna langgeng."

3Ucapkeun ku para imam Allah, "Asih Mantenna langgeng."

4Ucapkeun ku sakabeh nu ngabakti ka Mantenna, "Asih Mantenna langgeng."

5Sajeroning rupek, kami sasambat ka PANGERAN, ku Mantenna didangu, kami dibebaskeun.

6PANGERAN nyarengan kami, kami taya karisi; rek bisa kumaha jelema ka kami?

7Nya PANGERAN anu nulung ka kami, kami bakal nyaksian musuh kami kasoran.

8Mending percaya ka PANGERAN, ti batan ngandelkeun manusa.

9Mending percaya ka PANGERAN, ti batan ngandelkeun para pamingpin nu sipatna manusa.

10Loba musuh anu ngepung kami, tapi ku kawasa PANGERAN, kabeh ku kami dibasmi.

11Maranehna ngepung kami ti mana-mana, tapi ku kawasa PANGERAN, kabeh ku kami dibasmi.

12Maranehna napuk ka kami kawas nyiruan, tapi lir seuneu ngahuru ruyuk gancang pareumna, ku kawasa PANGERAN, kabeh ku kami dibasmi.

13Kami ditarajang hebat pisan, geus meh eleh, tapi PANGERAN nulungan,

14ku PANGERAN dibere tanaga jadi kuat; Mantenna geus nyalametkeun kami.

15Reungeukeun surak nu unggul di kemah-kemah umat Allah: "Karongkahan PANGERAN nu midamel kitu!

16Ku kakawasaan Mantenna urang unggul — ku karongkahan Mantenna di medan perang!"

17Kami moal paeh, sabalikna malah hirup, pikeun ngembarkeun padamelan-padamelan PANGERAN.

18PANGERAN geus ngahukum kami beurat pisan, tapi Mantenna henteu ngantep kami sina paeh.

19Kami pangmukakeun lawang gapura Bait Allah, rek asup, rek muji sukur ka PANGERAN!

20Tah ieu lawang gapura PANGERAN, ngan jalma nu jujur nu bisa asup.

21Abdi muji ka Gusti, parantos ngadangu paneda abdi, sareng parantos maparin kaunggulan.

22Batu nu teu kapake ku nu ngawangun, malah jadi anu pangpentingna.

23Jadi kitu teh ku PANGERAN, katembongna matak helok.

24Ieu teh poe kaunggulan PANGERAN, hayu urang suka bungah, urang pestakeun!

25Salametkeun abdi sadaya, nun PANGERAN! Paparinan abdi-abdi kaunggulan, nun PANGERAN!

26Mugia Allah ngaberkahan ka nu datang kalayan pajenengan PANGERAN, kaula sakumna ngaberkahan ti Bait PANGERAN.

27PANGERAN teh Allah; Mantenna geus midamel kasaean ka urang. Bari nyarekel rangrang dangdaunan, pesta geura mimitian, tuluy maju ngurilingan altar.

28Gusti teh Allah abdi. Abdi muji sukur ka Gusti. Abdi bade ngabewarakeun kaagungan Gusti.

29Haturkeun nuhun ka PANGERAN, Mantenna sae ka urang, asih-Na langgeng.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 118 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel