Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 120 >> 

1Lagu paranti jarah. Waktu keur kasusahan, kaula sasambat ka PANGERAN, ku Mantenna didangu.

2Nun PANGERAN, salametkeun abdi ti jalma-jalma tukang bohong sareng tukang tipu.

3Eh tukang-tukang bohong, baris dikumahakeun cik maraneh ku Allah? Naon cik hukuman ti Mantenna?

4Jamparing-jamparing lancip hiji prajurit, ruhak ruhay!

5Hirup ngahiji jeung maraneh, sarua cilakana jeung cicing di Mesek, atawa hirup reujeung jeung urang Kedar.

6Geus liwat ti lila kaula hirup jeung jelema anu ceuceub kana karapihan!

7Mun kaula ngomong sual karapihan, maranehna mah hayang perang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 120 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel