Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 122 >> 

1Lagu paranti jarah. Ti Daud. Kaula bungah waktu maranehna ngomong ka kaula, Yu urang indit ka gedong PANGERAN.

2Ayeuna urang geus di dieu, aya di sisi gapura Yerusalem!

3Yerusalem kota anu diwangunna ditata endah sagalana sarwa luyu.

4Nya ieu tempat anu didatangan ku kaom-kaom, kaom-kaom Israil, anu rek ngarucap sukur ka PANGERAN, sakumaha parentah Mantenna.

5Nya di dieu raja-raja Israil caralikna, ngahakiman rahayatna.

6Doakeun, Yerusalem sing kerta: "Anu micinta ka anjeun hirupna masing jembar,

7di jero kuta anjeun sing aman santosa, di jero karaton anjeun masing aya katengtreman."

8Pikeun kapentingan sanak baraya jeung mitra-mitra kami, kami ngadoakeun Yerusalem, "Anjeun sing kerta santosa!"

9Pikeun gedong PANGERAN, Allah urang, mugia anjeun sing makmur.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 122 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel