Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 124 >> 

1Lagu paranti jarah. Ti Daud. Kumaha lamun urang teu diaping ku PANGERAN? Pek jawab, Israil!

2"Lamun urang teu diaping ku PANGERAN, waktu urang ditarajang musuh,

3tan wande urang geus diteureuy hirup-hirup, ku maranehna anu sakitu arambekeunana,

4pinasti urang geus palid kabawa ku caah, tilem-timbul di walungan nu ngagulidag;

5tinangtu urang geus paraeh tikerebek dina umpalan anu sakitu ngamukna."

6Puji sukur ka PANGERAN, Mantenna henteu ngantep urang kabasmi ku musuh.

7Urang bisa luput, cara manuk ucul tina saweuy tukang taheun; saweuyna rantas, urang bebas!

8Pitulung ka urang datangna ti PANGERAN, nu ngadamel langit jeung bumi.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 124 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel