1Lagu paranti jarah. Jamuga sakur nu ta’at ka PANGERAN, anu hirupna nurutkeun timbalan Mantenna.
2Pangasilan maneh baris picukupeun, tangtu senang, moal aya kakurang.
3Bojo maneh bakal saibarat tangkal anggur anu buahna leubeut di jero imah maneh, anak-anak maneh nu lalaki bakal saibarat tangkal jetun ngora, ngariung meja maneh.
4Kitu berkah nu baris katarima ku jalma anu ta’at ka PANGERAN.
5Mugia PANGERAN ngaberkahan ka maneh ti Sion! Mugia maneh dina sapanjang hirup bisa nenjo kamakmuran Yerusalem!
6Mugia maneh panjang umur, bisa nenjo anak incu! Mugia Israil aman santosa!