Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 129 >> 

1Lagu paranti jarah. Israil, caritakeun ka kaula, kumaha dikaniayana andika ti jaman ngora.

2"Ti jaman kaula ngora, musuh geus nganiaya kaula kacida telengesna, tapi teu bisaeun nundukkeun kaula.

3Maranehna ngaraheutan tonggong kaula, jarero lir tapak wuluku dina taneuh.

4Tapi PANGERAN anu sipat adil, geus ngabebaskeun kaula tina perbudakan."

5Sakur nu geuleuh ka Sion, mangka areleh mundur kateter.

6Muga maranehna sing cara jukut di suhunan imah, geus garing samemeh jadi,

7moal aya nu nyumpulkeun, moal aya anu meungkeut atawa mawa.

8Nu laliwat jajauheun kana ngadoakeun, "Mugi anjeun diberkahan ku PANGERAN! Kitu berkah ti kaula, demi asma PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 129 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel