Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 132 >> 

1Lagu paranti jarah. Nun PANGERAN, mugi emut ka Daud sareng sagala kasangsaraanana.

2Mugi emut kana jangjina kapungkur, panadaranana ka Gusti, Nu Maha Kawasa, Allah Yakub:

3"Kami moal waka ka imah atawa ka enggon,

4moal waka ngaso atawa mondok,

5lamun tacan mangnyieunkeun tempat pikeun PANGERAN, hiji gedong pikeun Nu Maha Kawasa, Allah Yakub."

6Di Betlehem urang geus ngareungeu hal Peti Perjangjian, sarta eta ku urang kapanggih di tegal Yarim.

7Ceuk urang, "Hayu urang ka gedong PANGERAN, urang ngabakti hareupeun tahta Mantenna."

8Mangga atuh GUSTI, sumping ka Bait Gusti sareng Peti Perjangjian, lambang kakawasaan Gusti, nun PANGERAN, linggih di dieu salamina.

9Mugi imam-imam Gusti salamina ngalampahkeun anu bener, mugia umat Gusti sarurak!

10Gusti ngayakeun perjangjian ka Daud, abdi Gusti, mugi eta raja pilihan Gusti teh ulah ditolak, nun PANGERAN.

11Gusti parantos sumpah ka Daud, hiji jangji anu ku Gusti hamo dibatalkeun: "Kami baris ngangkat anak maneh saurang, jadi raja, sina marentah sanggeus maneh.

12Upama anak-anak maneh gumati kana perjangjian Kami, jeung kana parentah-parentah nu ku Kami diparentahkeun, anak-anak maranehna oge salawasna bakal jaradi raja ngaganti maneh."

13PANGERAN geus milih Sion, geusan jadi panglinggihana-Na:

14"Nya di dieu Kami rek matuh salawasna, nya di dieu tempat Kami marentah.

15Sion sina lubak-libuk, sagala kaperluanana rek dicukup, pakir miskinna sina sareubeuh dahar.

16Imam-imamna rek diberkahan dina sagala gawena, umatna disina nyaranyi jeung surak.

17Di dieu Kami rek ngangkat saurang ti turunan Daud, sina jadi raja gede, sarta pamarentahanana rek disina langgeng.

18Karajaanana rek disina jembar raharja, sabalikna, musuh-musuhna rek disina nandangan kaera."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 132 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel