Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 135 >> 

1Puji PANGERAN! Paruji jenengan PANGERAN, eh, maraneh nu jadi abdi-Na,

2nu araya di gedong PANGERAN, di jero Bait panglinggihan Allah urang.

3Paruji PANGERAN, ku karana kasaeana-Na, paruji jenengana-Na, ku karana murah manah-Na.

4Karana PANGERAN geus milih Yakub, milih Israil dijadikeun milik kagungana-Na.

5Kaula terang, Allah urang teh agung, ngungkulan sakabeh dewa.

6Mantenna iasa midamel naon bae sakersa-Na, di langit jeung di bumi, di lautan jeung di jero samudra.

7Mantenna ngadatangkeun mega ti tungtung-tungtung bumi, ngadamel kilat ngabarengan hujan angin, ngabudalkeun angin kaluar ti gudangna.

8Di Mesir Mantenna maehan sakabeh cikal, anak jalma, anak sato.

9Di ditu Mantenna ngayakeun mujijat jeung kaahengan, pikeun ngahukum raja saponggawana.

10Mantenna numpes bangsa-bangsa, maehan raja-rajana anu digjaya:

11Sihon, raja urang Emor, Og, raja Basan, katut sakabeh raja-raja di Kanaan.

12Tanah-tanahna dipasihkeun ka umat-Na, dipasihkeun ka Israil.

13Nun PANGERAN, salamina Gusti baris dimashurkeun yen Gusti teh Allah saban turunan baris aremut ka Gusti.

14PANGERAN bakal ngabela umat-Na bakal mikawelas abdi-abdi-Na.

15Dewa bangsa-bangsa dijieunna tina perak jeung emas, bubuatan leungeun jelema.

16Sungutan tapi teu bisaeun lemek, mataan tapi teu bisaeun neuleu.

17Ceulian tapi teu bisaeun ngareungeu, sungutna taya napasan.

18Muga anu nyarieunna jeung anu nyarembahna ge sing jaradi cara arca-arca bubuatanana!

19Paruji PANGERAN, eh urang Israil! Paruji Mantenna, eh imam-imam Allah!

20Paruji PANGERAN, eh urang Lewi, paruji Mantenna, eh nu ngabarakti ka Mantenna!

21Pinuji PANGERAN di Sion, di Yerusalem, panglinggihana-Na. Paruji PANGERAN.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 135 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel