1Di sisi walungan-walungan Babul, urang dariuk, di dinya urang careurik ari ras inget ka Sion.
2Di dinya, dina dahan-dahan gandarusa, urang ngait-ngaitkeun kacapi.
3Ku jalma-jalma anu ngaboyong, urang teh dititah nyanyi jang nyenangkeun maranehna, carekna, "Kami pangnyanyikeun lagu ti Sion."
4Naha bisa urang nyanyi pikeun PANGERAN di nagri deungeun?
5Muga kuring sing ulah bisa deui ngacapi, lamun poho ka anjeun, Yerusalem!
6Mugi kuring sing ulah bisa deui nyanyi, lamun teu inget ka anjeun, lamun poho yen anjeun teh utamaning kasukaan kuring!
7Nun PANGERAN, sing emut kana kalakuan urang Edom, nalika ngagempur Yerusalem. Sing emut kana sosoakna: "Gempur, ratakeun jeung taneuh!"
8He Babul, maneh bakal dibinasakeun. Bagja jalma anu engke ngabales ka maneh, anu pinaureun kalakuan-kalakuan maneh ka kami,
9anu bakal nyokot orok-orok maneh bari seug digebotkeun kana batu cadas.