Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 139 >> 

1Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Nun PANGERAN, Gusti parantos nguji diri abdi sareng uninga ka abdi.

2Gusti uninga kana sagala rupi anu dilampahkeun ku abdi, ti nu tebih Gusti waspaos kana pipikiran abdi.

3Boh abdi keur digawe, boh keur reureuh, ku Gusti abdi katingali, sagala tingkah polah abdi kauninga.

4Malah Gusti uninga kana pisanggemeun abdi memeh ku abdi dikedalkeun.

5Di mana-mana di sakurilingeun abdi, Gusti aya, kakawasaan Gusti ngaraksa.

6Kauninga Gusti perkawis abdi pohara jerona, henteu kahontal ku akal.

7Ka mana abdi tiasa indit nyingkiran Gusti? Ka mana abdi tiasa ngejat ti hadirat Gusti?

8Ngungsi ka langit, Gusti aya di dinya, nyempod ka alam maot, Gusti aya di dinya.

9Hiber ka beh ditueun wetan, atanapi matuh di peuntas pangjauhna di kulon,

10Gusti aya di dinya baris nungtun abdi, Gusti aya di dinya baris nulungan abdi.

11Upami abdi menta ka poek sina moekan, atanapi menta ka caang sina jadi peuting,

12poek oge keur Gusti mah henteu poek, wengi oge sami caang sapertos siang. Poek sareng caang keur Gusti mah sami bae.

13Gusti nu nyipta saban babagian raga abdi, Gusti nu merenahkeun, anu ngawangunna dina kandungan pun biang.

14Abdi muji sukur ka Gusti, Gusti estu luar biasa sugri damel Gusti ajaib, pikahelokeun; eta abdi terang pisan.

15Waktos tulang-tulang abdi dirakit, ati-ati diteundeun di jero kandungan pun biang, waktos abdi kalayan rasiah tumuwuh di dinya, Gusti uninga yen abdi aya di dinya.

16Memeh abdi lahir ku Gusti parantos katingali. Poe-poe pikeun abdi parantos diserat dina kitab Gusti, samemeh eta poe-poe ngawitan.

17Mamanahan Gusti keur abdi kacida muskilna, nun Allah, kacida seueurna!

18Upami eta kedah dietang, seueurna sami sareng keusik. Barang lilir, tetep we abdi teh di Gusti keneh.

19Nun Allah, kacida abdi ngarep-ngarepna supados anu jarahat teh ku Gusti dipaehan! Kacida abdi ngarep-ngarepna supados anu barengis teh undur ti abdi!

20Maranehna ngagogoreng ka Gusti, ngaromongkeun jahat jenengan Gusti.

21Kacida abdi ijidna ka jalma-jalma anu ijid ka Gusti! Kacida teu resepna abdi ka jalma-jalma nu ngalawan ka Gusti!

22Geuleuhna nataku ka nu karitu teh maranehna teh musuh, dianggapna ku abdi.

23Pariksa diri abdi, rahrah pipikiran abdi, nun Allah, uji, bolekerkeun eusi hate abdi.

24Kotektak bilih di dinya aya kajahatanana teras tungtun abdi ka jalan nu langgeng.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 139 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel