Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 141 >> 

1Jabur Daud. Nun PANGERAN, abdi sasambat ka Gusti, enggal tulungan. Ana abdi sasambat mugi didangu.

2Tampi paneda abdi lir dupa. Tampi leungeun abdi anu nadah, lir kurban peuting.

3Nun PANGERAN, tempatkeun pangawal dina sungut abdi, tempatkeun nu kemit dina biwir abdi.

4Jagi abdi, supados henteu mikahayang kaawonan henteu ngiring kana kajahatan jalmi nu jarahat henteu ngiring kana pestana.

5Abdi nampi kana hukuman sareng panegorna jalmi sae, sawangsulna teu hayang dihormat ku jalmi jahat, lantaran paneda abdi salamina pikeun ngalawan kalakuanana anu goreng.

6Upama para pamanggul maranehna parantos ditotogkeun ti luhur karang, nembe karasa ku jalmi-jalmi yen omongan abdi bener.

7Lir kayu anu dibeulah sarta dicacag lembut, tulang-tulang maranehna bakal ngabarak sisi kuburan.

8Sawangsulna abdi tetep percaya ka Gusti, nun PANGERAN abdi Nu Maha Agung. Ka Gusti abdi nyalindung, raksa abdi tina ajal!

9Mugi abdi diraksa tina pitapak musuh, diluputkeun tina eurad jalma jarahat.

10Muga eta anu jarahat teh beunang ku tataheunanana sorangan, sawangsulna abdi sing lulus.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 141 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel