Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 142 >> 

1(142-1) Lagu atikan ti Daud, waktu di jero guha. (142-2) Kaula sasambat ka PANGERAN, menta pitulung, ngajerit ka Mantenna,

2(142-3) ngucutkeun eusining hate, ngadadarkeun sagala karuwedan.

3(142-4) Waktu kaula geus meh ngarasa teter, Mantenna mah uningaeun kaula kudu kumaha. Jalan tincakeun kaula ku musuh dipasangan pitapak.

4(142-5) Waktu ngalirik ka gigir, kaula teu nenjo saha-saha nu pinulungeun, taya saha-saha keur geusan pamuntangan, kaula geus teu aya nu mirosea.

5(142-6) Nun PANGERAN, abdi jumerit neda pitulung, nya Gusti panyalindungan abdi, mung Gusti anu perlu kanggo hirup abdi.

6(142-7) Dangukeun panyambat abdi, tulungan, abdi parantos teu sanggup. Salametkeun abdi ti musuh anu langkung unggul batan abdi.

7(142-8) Bebaskeun abdi tina ieu kasusah, supados Gusti ku abdi dipuji dina pagempungan umat Gusti, ku karana kasaean Gusti ka abdi.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 142 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel