Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 143 >> 

1Jabur Daud. Nun PANGERAN, dangukeun paneda abdi. Demi kaadilan Gusti, dangukeun panuhun abdi. Demi kasatiaan Gusti, mugi kersa ngawaler ka abdi.

2Mugi abdi Gusti ulah didoja, margi di payuneun Gusti mah jalmi teh teu aya nu henteu salah.

3Abdi parantos kaudag ku musuh, parantos kasoran sama sakali. Ku musuh digubragkeun ka jero panjara poek, kaayaan abdi sapertos anu parantos lami maot.

4Harepan parantos meh seep, kacida baluwengna.

5Abdi jadi emut ka waktos-waktos anu kalangkung, emut kana sugri padamelan Gusti, karya-karya Gusti dilenyepan.

6Abdi nadahkeun leungeun, neneda ka Gusti, ngaraos sono ka Gusti, lir tanah garing sono ka cai.

7Enggal waler, nun PANGERAN, margi abdi parantos seep pangharepan. Mugi ulah nyumputan, bilih abdi ngahiji sareng anu parantos tarurun ka jero kubur.

8Geuing abdi unggal enjing, sangkan emut kana satia asih Gusti, margi nya ka Gusti abdi percaya. Paneda abdi mumbulna ka Gusti, tuduhkeun jalan anu ku abdi kedah ditempuh.

9Abdi dongkap seja nyalindung, nun PANGERAN, luputkeun abdi ti musuh.

10Gusti teh Allah abdi, wulangkeun ka abdi kumaha pangersa Gusti. Sing welas ka abdi, tungtun abdi ka jalan anu aman.

11Luputkeun abdi, luyu sareng jangji Gusti, nun PANGERAN, salametkeun abdi tina kasesah, demi kasaean Gusti.

12Demi welas asih Gusti ka abdi, musuh abdi paehan, sakur anu ngagencet ka abdi mugi dibasmi, kitu panuhun ti abdi Gusti.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 143 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel