1Puji PANGERAN! Nyanyikeun lagu anyar pikeun PANGERAN, puji Mantenna dina pagempungan umat-Na anu satia!
2Mangka suka, Israil, ku karana Khalik maneh; mangka gumbira, urang Sion, ku karana raja maraneh!
3Puji jenengana-Na ku igel, puji Mantenna ku terebang jeung kacapi.
4PANGERAN ngaraos suka ka umat-Na; nu rendah hate ku Mantenna dihormat, dipaparin kaunggulan.
5Umat Allah mangka gumbira lantaran geus jaya, mangka gerah sarta nyaranyi sapeuting jeput.
6Sina surak masing tarik maruji ka Allah, bari nyarekel pedang seukeut,
7geusan ngelehkeun bangsa-bangsa, geusan ngahukum jalma-jalma;
8geusan ngabarogod raja-rajana ku rante, geusan ngabarogod para pamingpinna ku rante beusi,
9geusan ngahukum bangsa-bangsa sakumaha parentah Allah. Ieu teh kaunggulan umat Allah. Puji PANGERAN!