Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 2 >> 

1Naon sababna bangsa-bangsa rek bararontak? Ku naon jalma-jalma nyarieun rarancang tanpa guna?

2Raja-rajana barontak para pangerehna sakait rek ngalawan ka PANGERAN, jeung ka raja pamilih Mantenna.

3Aromongna, "Hayu urang ngabebaskeun maneh tina kawasana, urang piceun belengguna."

4Ti tahta-Na di sawarga, PANGERAN gumujeng, pepetaan maranehna disapirakeun.

5Geus kitu Mantenna nyentak, wera ka maranehna, ngarencodkeun maranehna ku amarah-Na.

6Mantenna ngadawuh, "Kami geus ngangkat hiji raja di Sion, gunung suci Kami!"

7"Kami rek nguarkeun," saur raja, "nu geus jadi putusan PANGERAN. Kieu dawuhan Allah ka kami, ‘Hidep teh putra Kami; poe ieu pisan hidep ku Kami digelarkeun.

8Pok penta ka Kami, eta sakabeh bangsa teh, tangtu baris diselehkeun ka hidep, sarta sakuliah jagat nya hidep anu boga.

9Pek geura parentah ku iteuk beusi, pasti maranehna ajur remuk jeg pariuk peupeus.’"

10Ku sabab kitu, he para raja, masing daek ngarti, kitu keneh anu nyarekel kakawasaan, tarima ieu pepeling!

11Sing ibadah ka PANGERAN, kalawan sieun, geura sumujud ka Mantenna bari gumeter.

12(2-11b) Sabab lamun teu kitu tangtu Mantenna bendu; aranjeun tangtu tiwas. Bagja sing saha anu nyalindung ka Mantenna!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel