1(22-1) Pikeun pamingpin biduan. Lagu "Uncal dina wanci pajar". Jabur Daud. (22-2) Nun Allah, Gusti abdi, ku naon ngantunkeun? Putus harepan abdi, jumerit neda pitulung, nanging pitulung teu dongkap-dongkap.
2(22-3) Abdi nyambat Gusti sapanjang siang, nun Allah, nanging Gusti teu ngawaler, nyambat Gusti waktos wengi, hate angger henteu tengtrem.
3(22-4) Nanging Gusti teh jadi Raja Anu Suci nu dipuji-puji ku Israil.
4(22-5) Karuhun abdi sadaya ngaharepna teh ka Gusti, maruntangna teh ka Gusti, ku Gusti disalametkeun.
5(22-6) Maranehna sasambat ka Gusti, seug luput tina balahi. Ngaharep ka Gusti, pangharepanana teu mubadir.
6(22-7) Rupina abdi mah sanes jelema deui, cacing, dipoyok, dihina, ku pada jalma!
7(22-8) Nu naringal ka abdi nyaleungseurikeun, ngalelewean sareng ngagodegan.
8(22-9) Carekna, "Ongkoh maneh percaya ka PANGERAN, geuning ku PANGERAN teu disalametkeun? Ari enya mah sukaeun ka maneh, naha geuning teu nulungan?"
9(22-10) Nya Gusti anu ngaluarkeun abdi kalayan rahayu tina kandungan, Gusti nu ngajagi abdi kalayan salamet waktos abdi orok.
10(22-11) Abdi percaya ka Gusti ti barang lahir sareng nya Gusti anu salamina jadi Allah abdi.
11(22-12) Ulah tebih ti abdi! Abdi nampeu kana pibahlaeun, teu aya deui nu pinulungeun.
12(22-13) Lir banteng-banteng musuh ngaronom lir banteng-banteng galak ti tanah Basan ngadarangong ngepung abdi.
13(22-14) Sungutna caralawak, cara singa tinggalaur hayangeun nyasaak.
14(22-15) Abdi parantos teu gaduh deui tanaga parantos seep lir cai bahe kana taneuh. Tulang-tulang pasiksak lalocotan hate leyur sapertos lilin.
15(22-16) Tikoro garing sakesat lebu, letah rapet kana lalangit. Ku Gusti diantep ngalumbuk dina kekebul, sapertos ka nu parantos lastari.
16(22-17) Abdi dirurubung ku gorombolan jalma jahat. Maranehna lir gorombolan anjing, pasesedek ngaronom, ngareweg kana leungeun kana suku.
17(22-18) Tulang-tulang abdi tarembong, ditarongton diparerong ku musuh-musuh.
18(22-19) Papakean abdi dilotrekeun tuluy dibagi-bagikeun.
19(22-20) Nun Gusti, ulah tebih ti abdi, enggal sumping, tulungan abdi!
20(22-21) Luputkeun abdi tina pedang, luputkeun nyawa abdi ti eta anjing-anjing.
21(22-22) Salametkeun abdi ti eta singa-singa. Nyanghareupan eta banteng-banteng galak, abdi teu tiasa walakaya.
22(22-23) Abdi bade nyanggemkeun padamelan Gusti ka rahayat, bade ngamulyakeun Gusti dina pasamoanana:
23(22-24) "Agungkeun Mantenna, he abdi-abdi PANGERAN! Hormat Mantenna, he turunan Yakub! Sembah Mantenna, he sakabeh turunan Israil!
24(22-25) Mantenna henteu nyapirakeun anu miskin, henteu nyapirakeun kasangsaraanana, henteu ngalieus ti maranehna, kersaeun ngadangu panyambatna."
25(22-26) Anu parantos dipidamel ku Gusti bade dipuji-puji dina kumpulan umat. Di kumpulan jalmi-jalmi anu ngabarakti ka Gusti, abdi nyanggakeun kurban anu parantos diikrarkeun.
26(22-27) Nu mariskin bakal dalahar nepi ka sareubeuheun. Anu daratang ka PANGERAN bakal maruji ka Mantenna. Mugia maranehna makmur salalawasna!
27(22-28) Kabeh bangsa bakal aringet ka PANGERAN. Jalma-jalma ti unggal juru dunya bakal tarobat ka Mantenna, sakabeh seler bangsa bakal sarujud ka Mantenna.
28(22-29) PANGERAN teh raja, ngereh sakumna bangsa.
29(22-30) Sakur nu aradigung bakal marendek ka Mantenna; manusa pana kabeh bakal sarujud di payuneuna-Na.
30(22-31) Turunan nu engke datang bakal ngarabdi ka Mantenna. Jalma-jalma bakal nyarita hal PANGERAN ka turunanana.
31(22-32) Turunan nu bakal keneh, bakal dicaritaan kieu, "PANGERAN geus nyalametkeun umat-Na."