Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 25 >> 

1Jabur Daud. Ka Gusti, PANGERAN, abdi ngadongkapkeun panyambat,

2ka Gusti abdi ngaharep, nun Allah panutan. Tebihkeun abdi tina nandangan erana kasoran, ulah dugi ka dipupuas ku musuh!

3Kasoran mah sanes bagian jalmi anu ngarep ka Gusti, nanging bagian anu ngaralawan ka Gusti.

4Tuduhkeun ka abdi jalan Gusti, nun PANGERAN, sangkan abdi terang.

5Wurukan abdi hal hirup nurutkeun pangersa Gusti, reh Gusti teh Allah anu nyalametkeun abdi, abdi salamina ngaharep ka Gusti.

6Sing emut kana kasaean sareng satia asih Gusti, nun PANGERAN, nu parantos dipaparinkeun ku Gusti ti kapungkur keneh.

7Dosa sareng kalepatan abdi keur ngora mugi dihapunten. Sing emut ka abdi, nun PANGERAN, ku karana satia asih sareng kasaean Gusti.

8Sabab PANGERAN teh saestu tur jembar manah, kersa nuduhan jalan ka anu garaduh dosa.

9Nu rarendah hate ku Mantenna dituyun kana jalan bener, diwulang sina terang kana pangersa-Na.

10Kalayan satia jeung asih Mantenna nuyun ka nu nyarekel perjangjian jeung timbalana-Na.

11Mugi emut kana jangji, nun PANGERAN, hapunten dosa-dosa abdi anu sakitu seueurna.

12Sing saha anu ajrih ka PANGERAN, ku Mantenna baris dibere nyaho jalan sorangeunana.

13Maranehna salawasna bakal bagja hirupna, anak incuna bakal ngabogaan tanah pusaka.

14PANGERAN misobat ka anu nurut ka Mantenna, perjangjiana-Na ka maranehna bakal diteguhkeun.

15Kaula tetep melong ka PANGERAN, menta pitulung-Na seug ku Mantenna diluputkeun tina bahaya.

16Teuteup abdi, nun PANGERAN, sing hawatos, abdi teh nya nunggelis nya hengker.

17Luputkeun abdi tina sagala karisi, jait tina karurupek.

18Parios kaprihatinan sareng kasesah abdi, hapunten sadaya dosa abdi.

19Tingali, musuh abdi sakitu seueurna sareng sakitu ijideunana.

20Tangtayungan abdi, tulungan, sangkan ulah kasoran. Nya ka Gusti abdi neda pitulung.

21Mugia kabageuran sareng kajujuran abdi jadi jalan pisalameteun, ku margi ngaharep ka Gusti.

22Nun Allah, mugi Israil dijait, leupas tina sagala kasangsaraanana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 25 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel