Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 26 >> 

1Jabur Daud. Nun PANGERAN, sebatkeun yen abdi teu salah, reh abdi teh migawe nu bener gembleng ngaharep ka Gusti.

2Mangga ku Gusti uji, mangga cobi, nun PANGERAN, pariksa kahayang sareng pipikiran abdi.

3Satia asih Gusti nungtun ka abdi, kasatiaan Gusti salamina mingpin abdi.

4Abdi tara babaturan sareng tukang tipu, tara campur sareng tukang munapek.

5Abdi cua ka para durjana, narah ngahiji sareng penjahat.

6Pikeun nawiskeun teu lepat, abdi kukumbah leungeun teras ngabakti ngurilingan altar Gusti, nun PANGERAN.

7Abdi nyanggakeun pupujian pangucap sukur, sareng nyanggemkeun padamelan Gusti nu araheng.

8Nun PANGERAN, abdi nyaah ka gedong Gusti, panglinggihan Gusti anu pinuh ku kamulyaan.

9Abdi ulah dipaehan bareng sareng nu daroraka, ulah disanasibkeun sareng tukang-tukang maehan,

10anu lampahna ngan jahat bae, anu daraek bae nampa panyogok.

11Dupi hirup abdi mah jujur, Gusti sing hawatos, abdi luputkeun.

12Kaula muji sukur ka PANGERAN di jero kumpulan umat-Na, rehna kaula geus aman tina sagala bahaya.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 26 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel