1(3-1) Jabur Daud, waktu anjeunna nyingkahan putrana, Absalom. (3-2) Nun PANGERAN, musuh abdi mangpirang-pirang, sakitu seueurna anu malik ngaralawan!
2(3-3) Abdi pada ngaromongkeun, kieu carekna, "Allah moal nulungan manehna!"
3(3-4) Nanging nun PANGERAN, Anjeun teh kepeng nu mindingan abdi salamina. Abdi dipaparin kaunggulan, dipaparin deui wawanen.
4(3-5) Kami sasambat ka PANGERAN, sarta Mantenna ngawaler ti pasir suci-Na.
5(3-6) Dug kami ngedeng, reup mondok, sapeupeuting ku PANGERAN diraksa.
6(3-7) Kami teu sieun ku musuh mangrebu-rebu nu ngepung kami ti unggal juru.
7(3-8) Nun PANGERAN, nun Allah, salametkeun abdi! Hukum sadayana musuh abdi, lumpuhkeun kakuatanana sing ulah bisaeun nyilakakeun abdi.
8(3-9) Kaunggulan datangna ti PANGERAN mugia Mantenna ngaberkahan umat-Na.