1(30-1) Jabur Daud. Lagu ngaresmikeun Bait Allah. (30-2) Abdi muji, nun PANGERAN, reh Gusti parantos nyalametkeun abdi, diluputkeun tina perongan musuh.
2(30-3) Abdi nyambat pitulung Gusti, nun PANGERAN Allah abdi, teras ku Gusti diwaluyakeun,
3(30-4) diluputkeun ti jero kubur. Waktos abdi nyoloyong ka nu nyublek jero, nyawa abdi ku Gusti dipulihkeun.
4(30-5) Puji PANGERAN ku nyanyian, he umat-Na nu saratia! Aringetkeun padamelan Nu Maha Suci, urang kudu nganuhunkeun ka Mantenna.
5(30-6) Benduna PANGERAN ka urang ngan sakeudeung, tapi kasaeana-Na mah saumur-umur. Reup peuting bijil cipanon, bray beurang datang kabungah.
6(30-7) Kaula ngarasa senang, seug ngomong sorangan, "Aing moal eleh."
7(30-8) Gusti parantos nulung ka abdi, nun PANGERAN, ngajagi ka abdi lir benteng di luhur gunung. Nanging salajengna Gusti nyumput ti abdi, abdi kacida tagiwurna.
8(30-9) Abdi nyambat ka Gusti nyuhunkeun ditulungan:
9(30-10) "Naon untungna ka Gusti upami abdi paeh? Naon mangpa’atna upami abdi parantos dikubur? Barisaeun anu maraot maruji ka Gusti? Barisaeun ngembarkeun kasatiaan Gusti?
10(30-11) Sing hawatos, dangukeun abdi nun PANGERAN! Tulungan abdi, nun Gusti!"
11(30-12) Kaprihatinan abdi ku Gusti parantos digentos ku kasukaan, kasedih parantos leungit, ayeuna kantun sukana.
12(30-13) Kitu margina abdi moal cicing, tapi bade nyanyi muji ka Gusti. Nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi, abdi muji sukur ka Gusti salalamina.