1(38-1) Jabur Daud, waktu nyanggakeun kurban pangeling-eling. (38-2) Nun PANGERAN, sanaos bendu ge Gusti ulah dugi ka ngahukum ka abdi.
2(38-3) Abdi raraheut disabetan ku jamparing Gusti, nepi ka ngarumpuyuk.
3(38-4) Ku amarah Gusti, abdi nandangan kanyeri ku tina dosa sorangan, sakujur awak teu aya anu walagri.
4(38-5) Abdi titeuleum dina caahna dosa sorangan, anu nindihna kacida abotna.
5(38-6) Lantaran tina kabodoan sorangan, raheut abdi jadi borok pinuh ku nanah.
6(38-7) Abdi dibengkungkeun, digencet, sadidinten humaregung.
7(38-8) Awak direrab ku muriang, parantos sahoseun maot.
8(38-9) Parantos payah, ajur sama sakali, hate nalangsa, bati humaregung gegerungan.
9(38-10) Nun PANGERAN, Gusti uninga ka anu diharep ku abdi harurung abdi ku Gusti tangtos kadangu.
10(38-11) Hate ratug keketegan, tanaga leungit pisan, panon surem teu cahyaan.
11(38-12) Sobat sareng tatangga arembungeun deukeut dumeh abdi rujit ku kasakit, malah kadang warga ge narebihan.
12(38-13) Nu harayangeun maehan abdi marasang jiretna, nu harayangeun nyilakakeun, ngati-ngati bade numpes; maranehna teu eureun-eureun sapongkol ngarah ka abdi.
13(38-14) Nanging abdi lir anu torek, anu teu tiasa ngareungeu, lir anu pireu, anu teu tiasa ngomong.
14(38-15) Abdi lir jalma anu teu tiasa ngabantah lantaran teu tiasaeun ngareungeu.
15(38-16) Nanging abdi percaya ka Gusti, nun PANGERAN, yen Gusti tangtos kersa ngawaler ka abdi, nun PANGERAN, Allah abdi!
16(38-17) Ulah dugi ka musuh ngarasa senang dumeh abdi susah, ulah dugi ka maranehna garumede dumeh abdi ambrug.
17(38-18) Abdi parantos meh rubuh, kanyeri teu aya kendatna.
18(38-19) Abdi ngangken dosa-dosa, dosa anu ngalantarankeun hate paur.
19(38-20) Musuh-musuh abdi jaragjag sareng baredas, seueur anu ngarewaeun ka abdi teu puguh-puguh.
20(38-21) Jalma-jalma anu ngabales kahadean ku kajahatan, ngamusuh ka abdi, dumeh abdi usaha milampah bener.
21(38-22) Abdi ulah dikantun, nun PANGERAN, ulah tebih ti abdi, nun Allah panutan.
22(38-23) Enggal abdi tulungan, ayeuna, nun PANGERAN jurusalamet abdi!