Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 42 >> 

1(42-1) Pikeun pamingpin biduan. Lagu atikan ti golongan Korah. (42-2) Lir uncal kangen kana cai tiis di susukan, nya kitu abdi kangen ka Gusti, nun Allah!

2(42-3) Kitu hanaangna hate abdi ka Gusti, Allah nu jumeneng. Iraha abdi kedah indit ngabakti, marek ka Gusti?

3(42-4) Beurang peuting abdi ceurik, tedaeun ge mung cipanon; musuh hantem bae nyalindiran, "Mana Allah maneh teh?"

4(42-5) Ari ras ka alam ka tukang, hate mani ngarakacak inget bareto sok milu ngaleut ka gedong Allah, ngapalaan aleutan jalma rea, anu galumbira, nyaranyi, maruji ka Allah.

5(42-6) Ku naon kaula sakieu nalangsana? Ku naon sakieu sedihna? Kaula neundeun harepan ka Allah, jeung sakali deui rek muji ka Mantenna, jurusalamet jeung Allah kaula.

6(42-7) (42:6-7) Di dieu, di pangbuangan, hate kaula ajur seug nginget-nginget deui Mantenna. Sukma kaula ku Mantenna diteunggar ku ombak kasedih, diamuk ku caah kalang kabut, ngaguruh sada curug ngagurujug ka Walungan Yordan, ti Gunung Hermon jeung Gunung Misar.

7(42:6)

8(42-9) Muga ti beurang PANGERAN nembongkeun satia asih-Na, supaya peutingna kaula bisa nyanyi, jeung neneda ka Allah sumber hirup kaula.

9(42-10) Kaula unjukan ka Allah, nu jadi pananggeuhan, "Ku naon Gusti tega ka abdi? Ku naon abdi kedah sangsara, kedah dikaniaya ku musuh?"

10(42-11) Hate kaula nyelekit ngadenge panghina maranehna, anu teu eureun-eureun nyindiran, "Mana Allah maneh teh?"

11(42-12) Ku naon kaula sakieu nalangsana? Ku naon sakieu sedihna? Kaula neundeun harepan ka Allah, jeung sakali deui rek muji ka Mantenna, jurusalamet jeung Allah kaula.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 42 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel