Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 45 >> 

1(45-1) Jabur golongan Korah. Lagu kaasih. Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Kembang bakung. (45-2) Kecap-kecap nu arendah minuhan hate, waktu kaula ngadangding ieu lagu pikeun raja. Lir penah hiji bujangga ahli, letah kaula seja ngucapkeun sa’ir.

2(45-3) Di antawis manusa, Jeng Raja pangkasepna, tur perceka ahli sasauran, salamina dihujanan berkah ku Allah.

3(45-4) Soren pedang Gusti, nun raja digjaya, Gusti agung sareng mulya.

4(45-5) Majeng, cangking kaagungan, rebut kaunggulan, geusan ngabela kayaktian sareng kaadilan! Kadigjayaan Gusti baris ngarebut kaunggulan rongkah.

5(45-6) Jamparing Gusti sareukeut, narancleb kana jajantung musuh, raja-raja baris ngudupruk kana sampean Gusti.

6(45-7) Karajaan Gusti paparin ti Allah, bakal langgeng nanjeur, Gusti baris ngereh kalayan adil.

7(45-8) Gusti cinta kaadilan, cua kana kajahatan, kitu purwana Allah, Allah jungjunan Gusti parantos milih Gusti, sareng maparin kabagjaan langkung ti ka raja-raja sanes.

8(45-9) Panganggo Gusti seungit emur, gaharu sareng candana, di lebet malige gading Gusti dibeberah ku tatabeuhan.

9(45-10) Di antawis para istri di karaton Gusti, seueur putri-putri raja, prameswari ngagedeng ti palih tengen, obroy ku perhiasan emas tulen.

10(45-11) Nun Putri panganten raja, dangukeun pihatur abdi — bangsa sareng wargi-wargi Jeng Putri lalikeun bae.

11(45-12) Kageulisan Jeng Putri matak sono kangjeng raja. Anjeunna teh panutan Jeng Putri, Jeng Putri kedah anut ka anjeunna.

12(45-13) Urang Tirus bakal ngabantun hadiah ka Jeng Putri, nu baleunghar bakal alihtiar ngalap manah Jeng Putri.

13(45-14) Putri aya di jero puri, geulisna kawanti-wanti, nganggo sinjang songket emas.

14(45-15) Beunang dangdos ku anggoan warna-warni, putri dijajap ka raja, diiring ku para mojang pangaping, maranehna ge dijajap ka raja.

15(45-16) Marahmay jeung suka bungah, aleutan sang putri rawuh, lebet ka kadaton.

16(45-17) Nun Raja abdi, Gusti bakal seueur putra, bakal jaradi raja ngagentos luluhur Gusti, ku Gusti dijaradikeun pangereh sakuliah jagat.

17(45-18) Ieu lagu abdi baris tetep ngawangikeun kamashuran Gusti, saban jalmi bakal ngagungkeun Gusti sapanjang jaman.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 45 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel