1(5-1) Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku suling. Jabur Daud. (5-2) Nun PANGERAN, dangukeun ieu panuhun abdi, pirosea rumahuh abdi.
2(5-3) Dangukeun panyambat abdi neda pitulung, nun Allah abdi, raja abdi!
3(5-4) Ka Gusti abdi neneda, nun PANGERAN; dangukeun sora abdi enjing-enjing; waktos panonpoe bijil, abdi ngunjukkeun paneda, sareng ngantos waleranana.
4(5-5) Margi Gusti sanes Allah nu seneng kaawonan, Gusti moal ngantep kajahatan.
5(5-6) Gusti teu tahan ningali jalmi adigung ceuceub ka nu lampahna jahat.
6(5-7) Tukang-tukang bohong ku Gusti dibasmi, tukang maehan sareng tukang tipu dihina.
7(5-8) Nanging ku margi Anjeun sakitu asihna, abdi kenging asup ka gedong Gusti, kenging ngabakti di Bait Gusti anu suci sujud ka Gusti kalayan hormat.
8(5-9) Nun PANGERAN, musuh abdi kacida seueurna! Mugi abdi dituyun ngalampahkeun pangersa Gusti; tuduhkeun jalan Gusti nu ku abdi kedah disorang.
9(5-10) Margi omongan musuh teh teu aya andeleunana, karepna mung bade ngabinasa, ucap-ucapanana sarae, matak kapincut, padahal pinuh ku tipu daya.
10(5-11) Mugi nu karitu teh dihukum, nun Allah, sina carilaka ku rarancangna sorangan. Usir ti payuneun Gusti margi seueur dosana, sareng ngaralawan ka Gusti.
11(5-12) Dupi anu milari salamet ka Gusti mah bakal saruka, tiasa nyaranyi suka bungah salamina. Tangtayungan sugri anu nyaah ka Gusti, supados ngaraos suka ku karana Gusti.
12(5-13) Gusti ngaberkahan sakur anu narurut, nun PANGERAN; piwelas Gusti ibarat kepeng keur maranehna.