Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 57 >> 

1(57-1) Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Ulah ngabasmi. Jabur Daud waktu keur aya di jero guha, nyingkahan Saul. (57-2) Sing hawatos ka abdi, nun Allah, sing hawatos, sabab abdi nyalindung ka Gusti. Abdi bade nyalindung dina kalangkang jangjang Gusti, dugi ka rerepna angin ribut.

2(57-3) Kaula sasambat ka Allah, Nu Maha Agung, ka Allah, anu nyumponan sagala kaperluan kaula.

3(57-4) Mantenna tangtu ngawaler ti sawarga baris nyalametkeun kaula, nu ngagencet teh tangtu ditumpurkeun; Allah tangtu mintonkeun piwelas jeung kasatiaana-Na.

4(57-5) Kaula dilingkung ku musuh, anu kawas singa-singa tukang ngahakan jelema, huntuna lir tumbak jeung jamparing, letahna lir pedang seukeut.

5(57-6) Pintonkeun kaagungan Gusti di satungkebing langit, nun Allah, kamulyaan Gusti sing tembong di satangkaraking jagat.

6(57-7) Musuh abdi masang eurad rek ngaringkus, matak rentag hate; maranehna ngali lombang dina pijalaneun abdi, nanging maranehna sorangan nu tigebrus.

7(57-8) Abdi ngarasa yakin pisan, nun Allah abdi bade nyanyi sareng muji ka Gusti!

8(57-9) Nyaring, he lelembutan! Nyaring, he kacapi jeung gambus! Kami rek ngageuingkeun panonpoe.

9(57-10) Abdi bade ngucap sukur ka Gusti, nun PANGERAN, di tengah bangsa-bangsa, bade muji Gusti di antawis umat manusa.

10(57-11) Satia asih Gusti maratan langit, kasatiaan Gusti jujul kana mega-mega.

11(57-12) Pintonkeun kaagungan Gusti di satungkebing langit, nun Allah, kamulyaan Gusti sing tembong di satangkaraking jagat.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 57 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel