Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 61 >> 

1(61-1) Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Ti Daud. (61-2) Nun Allah, dangukeun panyambat abdi, perhatoskeun paneda abdi!

2(61-3) Sajeroning pegat harepan tur tebih ti rorompok, ka Gusti abdi cumeluk! Candak abdi nyalindung ka nu aman,

3(61-4) nya Gusti panyalindungan abdi teh, benteng abdi anu weweg enggoning ngayonan musuh.

4(61-5) Widian abdi cicing di kasucian Gusti saumur hirup, supados aman dina aub jangjang Gusti.

5(61-6) Gusti parantos ngadangu jangji abdi, nun Allah, sareng parantos maparin naon-naon anu digaduhan ku jalmi-jalmi anu hormat ka Gusti.

6(61-7) Mugi raja dipanjangkeun yuswa, widian hirup salalamina!

7(61-8) Mugia anjeunna marentah sapapaosna di payuneun Gusti, nun Allah, mugi diaping ku kasatiaan sareng kaasih Gusti.

8(61-9) Ku hal eta, abdi bade nyanggakeun pupujian ka Gusti, sareng nedunan jangji, unggal dinten bade nyanggakeun kurban.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 61 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel