Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 62 >> 

1(62-1) Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun Yedutun. Jabur Daud. (62-2) Kaula kudu sabar ngadago dijait ku Allah, ngan ka Mantenna kaula muntang teh.

2(62-3) Ngan Mantenna nu ngaraksa jeung nyalametkeun kaula, Mantenna benteng kaula, jadi kaula moal bisa eleh.

3(62-4) Rek tepi ka iraha maraneh narajang ka jalma saurang, nu kakuatanana sarua jeung pager ruksak?

4(62-5) Niat maraneh taya lian, rek ngarurud anjeunna tina kalungguhanana; maraneh teh jalma palsu. Ari biwir ngadoakeun, hate mah ka anjeunna nyumpahan.

5(62-6) Kaula ngan gumantung ka Allah, pangharepan ditamplokkeun ka Mantenna.

6(62-7) Ngan Mantenna nu ngaraksa jeung nyalametkeun kaula, Mantenna benteng kaula, jadi kaula moal bisa eleh.

7(62-8) Kasalametan jeung kahormatan kaula estu gumantung ka Allah, Allah teh benteng kaula anu tohaga, panyalindungan kaula.

8(62-9) He rahayat, sing tetep percaya ka Allah, wakcakeun sakabeh kasusah ka Mantenna, karana Allah teh panyalindungan urang.

9(62-10) Kabeh manusa lir sarenghap napas, menakna, cacahna, sarua taya ajenna. Mun ditimbang, ngoleang taya bobotna, leuwih hampang manan ambekan sarenghap.

10(62-11) Ulah ngandelkeun kakerasan, ulah hayang beubeunangan ku rarampog, malah najan beuki beunghar oge eta kabeungharan teh ulah dijieun andelan.

11(62-12) Leuwih ti sakali kami ngareungeu Allah ngadawuh, yen kakawasaan mah kagungan Mantenna,

12(62-13) sarta kaasih Mantenna taya kendatna. Gusti ku anjeun, nun PANGERAN, nu ngaganjar ka manusa, satimpal sareng lampahna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 62 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel