Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 67 >> 

1(67-1) Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Jabur. (67-2) Nun Allah, abdi sadaya neda piwelas sareng berkah, mugi luntur galih kersa malire ka abdi.

2(67-3) Sangkan pangersa Gusti nyata ka umat manusa, pon kitu kasalametan ti Gusti dikenal ku bangsa sakumna.

3(67-4) Mugia umat maruji ka Gusti, nun Allah, mugia maranehna sami ngagungkeun!

4(67-5) Mugia bangsa-bangsa teh sami gerah sami bingah, wireh ku Gusti dituyun kalayan adilna, bangsa-bangsa di ieu dunya teh ku Gusti dipingpin.

5(67-6) Mugia umat maruji ka Gusti, nun Allah, mugia maranehna sami ngagungkeun!

6(67-7) Tanah geus ngaluarkeun hasil. Allah, Allah urang, geus ngaberkahan.

7(67-8) Allah geus ngaberkahan ka urang, mugia umat kabeh di mana-mana hormat jeung ajrih ka Mantenna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 67 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel