Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 68 >> 

1(68-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (68-2) Allah maju, musuh-musuh-Na dipaburencaykeun. Anu gareuleuheun ka Mantenna areleh, kalabur.

2(68-3) Ku Mantenna diusir, leungit lir haseup dikebut ngaraley kawas lilin dideang. Nu jarahat teh lebur di payuneun Allah.

3(68-4) Sabalikna nu balener mah aratoheun di payuneun Mantenna, sarurak nembongkeun kabungah.

4(68-5) Puji Allah, puji jenengana-Na, sadiakeun jalan pikeun Mantenna nu ngambah mega. Jenengan Mantenna PANGERAN, sing aratoh di payuneuna-Na!

5(68-6) Allah anu linggih di Bait-Na anu suci, ngarawat ka nu pahatu, ngaraksa ka randa-randa.

6(68-7) Mantenna ngimahan ka nu nunggelis, nungtun para sakitan sina barebas, ari bangsa basangkal disina hirup di tempat mencil.

7(68-8) Nun Allah, nalika Gusti ngapalaan umat, waktos ngambah gurun keusik,

8(68-9) bumi genjlong, langit nurunkeun hujan, ku sumpingna Allah Sinai Allah Israil sumping.

9(68-10) Gusti seueur nurunkeun hujan, tanah kagungan nu parantos garing seger deui.

10(68-11) Umat Gusti nyarieun imah di dinya; kalayan kasaean Gusti ngurus anu mariskin.

11(68-12) PANGERAN ngaluarkeun parentah-Na, para wanita ngembarkeun wartana:

12(68-13) "Raja-raja katut baladna geus kalabur!" Para wanita di lembur ngabagi-bagi jarahan, nya eta:

13(68-14) jajapatian-jajapatian anu disaput ku perak, jangjangna disaput emas ngagurilap. (Ku naon arandika aya nu teu milu jurit, anggur caricing di kandang domba?)

14(68-15) Waktu Allah Nu Maha Kawasa ngaburiakkeun raja-raja di Gunung Salmon, eta gunung ku Mantenna dihujanan ku salju.

15(68-16) Gunung Basan estu hebat, gunung nu rea puncakna!

16(68-17) Ku naon maneh ti puncak-puncak maneh anu laluhur, nenjokeun bari ngahina ka gunung anu ku Allah rek dijieun panglinggihana-Na? PANGERAN pasti ngaraton di dinya salalanggengna!

17(68-18) Diiring ku rebuan kareta perang anu rarongkah, PANGERAN sumping ti Sinai, lebet ka tempat nu suci.

18(68-19) Mantenna ngunggahan tempat anu laluhur, ti dinyana nyandak tawanan rea pisan, sarta nampi upeti ti anu tadina ngaralawan. GUSTI Allah baris linggih di dinya.

19(68-20) Puji PANGERAN, anu saban poe mangnanggungkeun momotan urang. Mantenna teh Allah anu nyalametkeun urang.

20(68-21) Allah urang teh, Allah nu ngajait urang, Mantenna teh PANGERAN, Gusti urang, anu ngajait urang tina ajal.

21(68-22) Satemenna, Allah bakal ngaremukkeun hulu musuh-musuh-Na, nya eta sakur anu hirupna teu weleh dosa.

22(68-23) PANGERAN geus ngadawuh, "Musuh maraneh ti Basan ku Kami rek dibawa deui ka dieu, ti jero laut ge ku Kami rek dibawa ka dieu,

23(68-24) supaya maraneh ngaraas getihna, sarta anjing maraneh sareubeuheun ngaletakan getihna."

24(68-25) Nun Allah, arak-arakan kaunggulan Gusti ditongton ku sadayana, Allah, Raja abdi, diarak, lebet ka kasuciana-Na.

25(68-26) Pangpayunna para biduan, palih pungkur para pamaen musik, di tengah para mojang anu narabeuh terebang.

26(68-27) "Paruji Allah dina kumpulan umat-Na, paruji PANGERAN, he sakabeh turunan Yakub!"

27(68-28) Pangheulana datang Binyamin, kaom anu pangleutikna, tuluy para pamingpin Yuda jeung aleutanana, geus kitu para pamingpin Sebulun jeung Naptali.

28(68-29) Pintonkeun kakawasaan Gusti, nun Allah, kakawasaan anu dianggo ngabela abdi sadaya.

29(68-30) Pintonkeun ti Bait Gusti di Yerusalem, tempat raja-raja nyaranggakeun upeti ka Gusti.

30(68-31) Seuseul Mesir, si sato galak di leuweung manjah, seuseul bangsa-bangsa, si gorombolan banteng katut anak-anakna, sina marendek sareng nyaranggakeun perak. Paburencaykeun bangsa-bangsa nu bareuki perang!

31(68-32) Duta-duta bakal daratang ti Mesir, urang Sudan bakal naradahkeun leungeun, ngadaroa ka Allah.

32(68-33) Sanggakeun nyanyian ka Allah, he karajaan-karajaan di dunya, sanggakeun pupujian ka PANGERAN,

33(68-34) ka Mantenna, anu nitih langit jaman purba. Gederkeun surak ka Mantenna sing tarik.

34(68-35) Embarkeun kakawasaan Allah, kadaulatana-Na anu ngauban Israil, kadigjayaana-Na di langit.

35(68-36) Matak bengong nalika Allah kaluar ti jero kasuciana-Na, Mantenna, Allah Israil! Mantenna maparin kakuatan jeung kakawasaan ka umat-Na. Puji Allah!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 68 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel