Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 69 >> 

1(69-1) Pikeun pamingpin biduan, nurutkeun lagu Kembang Bakung. Ti Daud. (69-2) Nun Allah, salametkeun abdi, cai parantos semet beuheung abdi,

2(69-3) abdi parantos meh tilelep dina leutak, teu aya tincakeun anu teuas. Abdi tikerelep ka cai jero, ngaleong kabantun ombak.

3(69-4) Ngoceak taya pedahna, tikoro kantun peuyeuhna, panon cape ngalieukan pitulung Gusti.

4(69-5) Anu ngarewaeun ka abdi teu puguh-puguh seueurna alah batan buuk dina sirah. Maranehna ngomongkeun anu teu bener perkawis abdi. Maranehna kuat, sareng ngarah maehan abdi. Abdi ku maranehna dipaksa kedah mulangkeun barang anu sanes kenging maling.

5(69-6) Nun Allah, Gusti tingali kana kabodoan abdi, kalepatan abdi di payuneun Gusti teu aya nu buni.

6(69-7) Nun PANGERAN Nu Maha Agung sareng Nu Maha Kawasa, mugi anu maruntang ka Gusti, ulah dugi ka kaisinan tina lantaran abdi; mugi abdi ulah jadi matak aeb ka jalmi-jalmi anu nyaluuh ka Gusti, nun Allah Israil!

7(69-8) Da pang abdi pada ngahina teh ku karana Gusti. Ku karana Gusti abdi nandang kahinaan.

8(69-9) Ku baraya dijieun deungeun, ku dulur saindung teu diwawuhan.

9(69-10) Kacintaan abdi ka Bait Gusti lir seuneu ngarerab hate; pamoyok anu dibaledogkeun ka Gusti, keunana ka abdi.

10(69-11) Abdi puasa ngasorkeun maneh anggur pada ngahinakeun.

11(69-12) Dangdan ku pakean kasungkawaan, anggur pada nyeungseurikeun.

12(69-13) Di jalan-jalan abdi teh pada ngobrolkeun, ku pamabokan dipake ceuceuleuweungan.

13(69-14) Nanging abdi gaduh paneda ka Gusti, nun PANGERAN, mugi diwaler ari parantos waktosna. Mugi dimakbul, demi rosana kanyaah Gusti, demi kasatiaan jangji Gusti yen bade nyalametkeun.

14(69-15) Jait abdi, ulah dugi ka tilelep dina ieu embel, luputkeun ti musuh-musuh, hanjatkeun ti jero leuwi.

15(69-16) Ulah dugi ka abdi kagulung ku caah, atanapi kaceot ka jero leuwi, atanapi tilelep ka jero kubur.

16(69-17) Waler, nun PANGERAN, margi Gusti teh lautan asih, reh Gusti teh sipat welas.

17(69-18) Ulah nyumput ti abdi Gusti. Abdi sakieu cilakana, mugi Gusti enggal ngawaler!

18(69-19) Enggal geura sumping nyalametkeun, luputkeun abdi ti musuh-musuh.

19(69-20) Gusti uninga kumaha abdi dihinana, pada moyok, pada nganistakeun; musuh-musuh abdi ku Gusti kauninga.

20(69-21) Pamoyokna ngagerihan kana hate, matak pegat harepan; ngarep-ngarep aya nu ngaraskeun, luput, ngarep-ngarep panglipur, lebeng.

21(69-22) Ana lapar anggur disodoran racun, ana halabhab anggur diasongan cuka.

22(69-23) Muga-muga perjamuan maranehna sing jadi mamala, hahajatanana sing nyilakakeun dirina.

23(69-24) Lolong-lolongkeun panonna, leuleus-leuleuskeun tonggongna!

24(69-25) Tumplekkeun amarah Gusti, tamplokkeun kajengkel Gusti ka maranehna.

25(69-26) Padumukanana sina saruwung, kemah-kemahna sina parongpong.

26(69-27) Margi maranehna nganiaya jalma anu ku Gusti disiksa, nganyenyeri ka nu ku Gusti dirangket.

27(69-28) Catet sadaya kajahatanana, ulah dipaparin salamet.

28(69-29) Ngaran-ngaranna pareuman tina kitab nu harirup, ulah didaptarkeun dina daptar umat Gusti.

29(69-30) Nanging abdi teh keur nyeri, seep harepan, angkat abdi teh, nun Allah, salametkeun!

30(69-31) Kaula rek muji ka Allah ku hiji lagu ngamulyakeun Mantenna ku ngucap sukur.

31(69-32) Eta bakal leuwih kamanah ku PANGERAN ti batan ngurbankeun sapi, ti batan ngurbankeun sapi jalu nu geus gede.

32(69-33) Ana hal eta katangen ku nu balangsak, tangtu barungaheun, sakur nu ibadah ka Allah tangtu hatena reugreug.

33(69-34) Karana PANGERAN tangtu ngamakbul ka nu walurat, tur moal tega ka umat-Na di jero panjara.

34(69-35) Puji Allah, he langit jeung bumi, lautan katut mahluk-mahluk laut!

35(69-36) Mantenna tangtu ngarahayukeun Yerusalem, ngadegkeun deui kota-kota tanah Yuda, sangkan dicicingan ku umat-Na sarta jadi milikna,

36(69-37) bakal jadi warisan turunan abdi-abdi Mantenna, sarta jadi pamatuhan sakur nu nyaah ka Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 69 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel