1(70-1) Pikeun pamingpin biduan. Ti Daud, waktu anjeunna nyanggakeun kurban panarima. (70-2) Nun Allah, abdi salametkeun! Nun PANGERAN, enggal abdi tulungan!
2(70-3) Mugi-mugi eta anu harayangeun maehan abdi teh elehkeun, guyurkeun. Eta anu aratoheun ku katunggaraan abdi teh sina alundur, sina areraeun.
3(70-4) Mugi eta anu nyaleungseurikeun ka abdi teh sina areleh, sina tagiwur.
4(70-5) Dupi nu nyarembah ka Gusti, sina barungah, sina garerah. Sakur anu narimakeun kana kasalametan ti Gusti ngucap, "Maha Agung PANGERAN!" teu kendat-kendat.
5(70-6) Dupi abdi, nu teu daya teu upaya, mugi ku Gusti enggal dilayad! Gusti teh jurusalamet, PANGERAN abdi. Enggal abdi tulungan!