Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 71 >> 

1Nun PANGERAN, abdi dongkap nyuhunkeun dibelaan; mugi ulah dikajeunkeun!

2Demi Gusti teh adil, mugi abdi dijait, dibebaskeun; mugi kersa ngadangu, abdi tulungan.

3Sing jadi panyalindungan sareng benteng anu kuat, tempat abdi ngaub. Gusti teh pangungsian sareng pertahanan abdi.

4Nun Allah, leupaskeun abdi ti jalma-jalma jahat, ti nu daroraka, karuat sareng telenges.

5Gusti teh pangharepan abdi, nu ku abdi dipuntangan ti ngongora, nun PANGERAN Nu Maha Agung.

6Gusti panyaluuhan abdi saumur-umur, nya Gusti nu jadi pitulung ti wangkid abdi lahir. Bade sapapaosna abdi ngamulyakeun ka Gusti.

7Ka jalma rea hirup abdi kantos jadi tuladan, margi Gusti jadi benteng abdi nu tohaga.

8Abdi moal kendat-kendat muji ka Gusti, saban dinten sumeja ngagungkeun.

9Abdi ulah dipiceun dumeh parantos kolot, ulah ditilar dumeh parantos taya tanaga.

10Abdi teh diomong-omongkeun ku musuh, dibadamikeun ku anu nariat maehan.

11Carekna, "Eta jalma geus ditundung ku Allah, urang udag, urang tewak, da moal aya nu nulungan."

12Nun Allah, ulah tebih ti abdi, enggal abdi tulungan, nun Gusti!

13Sing eleh, sing tumpur eta anu ngarah ka abdi teh. Sing areraeun, sina nandang hina, nu nyiar picilakaeun abdi, eta anu bade nyarilakakeun ka abdi teh.

14Dupi abdi moal weleh ngarep-ngarep ka Gusti bade wuwuh-wuwuh muji ka Gusti.

15Bade nyanggemkeun kasaean Gusti sadinten jeput bade nyarioskeun kasalametan ti Gusti, sanaos hal eta teu kahontal ku akal abdi.

16Kadigjayaan PANGERAN Nu Maha Agung sumeja dimashurkeun, nya kasaean Gusti anu bade dipuji-puji teh.

17Gusti anu ngatik abdi ti leuleutik, dugi ka kiwari abdi tetep nguarkeun karya Gusti anu araheng.

18Ayeuna abdi parantos kolot cetuk huis, mugia ku Gusti ulah ditilar, nun Allah! Sarengan abdi ari keur nyanggemkeun kakawasaan sareng kadigjayaan Gusti ka sakumna turunan nu bakal datang.

19Kaadilan Gusti maratan langit, Gusti parantos midamel perkawis anu aragung, teu aya anu mapakan ka Gusti.

20Gusti nu ngersakeun abdi nandangan rupi-rupi rerepit sareng pakewuh, Gusti keneh anu baris mulihkeunana, Gusti nu bakal ngajagi abdi ti kubur.

21Gusti nu bakal ngangkat deui darajat abdi, langkung ti kapungkur, Gusti tangtos kersa deui ngalilipur.

22Abdi bade muji dibarengan ku ngacapi muji kasatiaan Gusti, Allah abdi, sumeja ngacapi nyanggakeun kidung pamuji ka Gusti, Maha Suci Allah Israil.

23Bari nabeuh bade dikawihan masing tarik, nyanyi sataker tanaga reh ku Gusti parantos dirahayukeun.

24Sadinten jeput bade nyanggem-nyanggemkeun kaadilan Gusti, reh anu bade nyarilakakeun ka abdi parantos areleh sarta nandangan hina.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 71 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel