Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 72 >> 

1Ti Suleman. Nun Allah, wulangkeun hukum Gusti ka raja kaadilan Gusti paparinkeun ka anjeunna,

2supados adil ngurusna ka umat Gusti, sangkan leres ngurusna ka nu sangsara.

3Mugia nagri makmur santosa sareng sing nyumiratkeun kaadilan.

4Sang raja mugia rumaksa ka nu balangsak, bumela ka nu walurat, sareng numpes tukang nindes.

5Sapanjang panonpoe sareng bulan gumelar, umat sing turun-tumurun ngesto ka Gusti.

6Mugia raja teh sing saibarat hujan nyiram lahan-lahan, lir ngijih nyiraman bumi.

7Sapanjang jumenengna muga mekar kaadilan, muga makmur sapanjangna, tinanding umurna bulan.

8Karajaanana sing murba ti laut ka laut, ti Eprat dugi ka tungtung jagat.

9Urang gurun keusik masing tunduk ka anjeunna, musuh-musuhna masing sarujud.

10Raja-raja Sepanyol sareng anu ti pulo-pulo, sing carunduk nyaranggakeun pangabakti, raja-raja Arab sareng Etiopia caraos upeti.

11Raja-raja sadayana bakal dareku ka anjeunna, bangsa-bangsa sadayana sami kumawula.

12Anjeunna rumawat ka nu walurat, anu nyambat ka anjeunna; nyaah ka nu balangsak, jeung nu kalantar.

13Asih ka nu miskin, nyaah ka nu lemah nangtayungan hirupna anu sangsara.

14Maranehna diluputkeun tina panggencet jeung katelengesan, nyawa maranehna ku raja dianggap mulya!

15Dirgahayu raja! Sing disebaan emas ti tanah Arab, sing pada ngadoakeun salilana, sing dirahmat ku Allah sapapanjangna!

16Mugia nagri pinuh ku gandum, pasir-pasirna kaamparan pepelakan, laleubeut buahanana kawas anu di Libanon. Kota-kotana masing gegek ku jelema, lir tegal pinuh ku jukut.

17jenenganana sing tetep kawangi-wangi, kawentar mashur sapanjang surya gumelar. Mugia sakumna bangsa marenta diberkahan ku Allah, cara ngaberkahan ka raja.

18Puji PANGERAN Allahna Israil! Ngan Mantenna nyalira anu ngadamel saniskara mujijat.

19Puji jenengana-Na nu agung, salalanggengna! Kamulyaan Mantenna sing minuhan jagat. Amin! Amin!

20Kitu ungel panutup paneda-paneda Daud putra Isai.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 72 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel