Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 77 >> 

1(77-1) Pikeun pamingpin biduan. Make lagu Yedutun. Jabur Asap. (77-2) Kaula sasambat tarik ka Allah sasambat tarik pisan, seug kadangueun.

2(77-3) Dina waktu sumpeg, kaula neneda ka Pangeran, sapeupeuting neneda namprakkeun leungeun, tapi hate teu daek paler.

3(77-4) Ari inget ka Allah, kaula ngarenghap, ari keur tapakur hate ngarasa lesu.

4(77-5) Sapeupeuting kaula ku Mantenna disina nyaring. Kacida bingungna nepi ka teu kecet-kecet.

5(77-6) Inget ka poe-poe nu geus kaliwat, inget ka taun-taun anu geus kalarung;

6(77-7) sapeupeuting mikir jero, bari ngaheneng seug nanya maneh:

7(77-8) "Rek terus bae kitu PANGERAN teh nampik, teu kersa nyoreang deui?

8(77-9) Geus teu mikanyaah deui? Geus lesot tina jangji-Na?

9(77-10) Naha geus lali kitu Allah teh kana welas asih? Naha bendu, nepi ka teu kersaeun mikawelas?"

10(77-11) Heug bae kaula ngomong kieu, "Ieu anu pangpikanyerieunana — Allah geus teu kawasa deui."

11(77-12) Abdi bade ngemut-ngemut karya Gusti nu aragung, nun PANGERAN, bade ngeling-ngeling mujijat-mujijat Gusti kapungkur.

12(77-13) Abdi bade mikiran sagala padamelan Gusti sareng ngalenyepan karya-karya Gusti anu harebat.

13(77-14) Nun Allah, padamelan Gusti sadayana suci. Teu aya deui nu agung sapertos Gusti.

14(77-15) Nya Gusti pisan Allah teh, nu kawasa midamel mujijat-mujijat, kakawasaan Gusti kagurnita ka bangsa-bangsa.

15(77-16) Gusti digjaya ngajait umat, turunan Yakub sareng Yusup.

16(77-17) Cai ngadegdeg barang ningal ka Gusti, kacida sieuneunana, nun Allah, dasar sagara mingsir gimireun.

17(77-18) Mega-mega ngucurkeun hujan, gelap tingbeledag di langit, kilat sasamber ka ditu ka dieu.

18(77-19) Guludug tinggeleger tinggulugur, kilat-kilatna nyaangan jagat, bumi ngageter ngadegdeg.

19(77-20) Gusti angkat napak ombak, laut dipeuntasan, nanging tapak Gusti ngadampal henteu katara.

20(77-21) Gusti nuyun ka umat lir hiji pangangon, ku perantawis Musa sareng Harun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 77 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel