Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 78 >> 

1Lagu atikan ti Asap. Bandungan, he umat, regepkeun ieu piwuruk, regepkeun ieu pepeling kami.

2Kami rek ngucapkeun siloka, ngaguar rasiah alam baheula,

3hal-hal anu urang geus ngadenge, geus nyaho tina carita karuhun urang.

4Ka anak incu nu ayeuna, mo aya nu dikilungan, nya kitu deui ka turunan anu engke, kumaha mashurna PANGERAN, dadamelana-Na, pangawasa-Na, jeung mujijat-mujijat-Na, anu geus dipidamel ku Mantenna.

5Mantenna ka Israil geus maparin hukum, ka turunan Yakub maparin papakon. Mantenna nimbalan ka karuhun urang, yen ieu hukum kudu diajarkeun ka anak-anakna;

6malar turunan ieu ngajarkeun ka anu pandeuri, sarta ku ieu ge kudu diajarkeun ka anak-anakna.

7Ku jalan kieu maranehna ge bakal nanjeurkeun harepan ka Allah, jeung moal paroho kana sagala pitulung-Na, sabalikna bakal ta’at kana parentah Mantenna, salilana,

8ulah cara karuhun-karuhunna, resep ngalawan, basangkal, henteu pangger pangandelna ka Allah, teu ceehan satiana ka Mantenna.

9Urang Epraim, sakitu marawa gondewa jeung jamparing, ari der perang mah jicir.

10Maranehna henteu tigin kana jangjina ka Allah, teu narurut kana hukum Mantenna,

11sarta mopohokeun damel katut mujijat-mujijat, nu ku Mantenna geus dipintonkeun.

12Karuhunna ku Mantenna ditembongan mujijat-mujijat, di dataran Soan wewengkon Mesir.

13Laut ku Mantenna dibeulah, maranehna dipeuntaskeun, nincak laut anu caina jadi ngadingding kawas tembok.

14Ti beurang dituyun ku mega, ti peuting ku gebrayna cahaya tina hiji tihang seuneu.

15Batu-batu cadas di gurun keusik ku Mantenna dibeulah, bijil cai, maranehna nginum saseubeuhna,

16cai ti jero cadas teh terus ngocor, mani kawas walungan bae.

17Tapi maranehna haben bae dosa ka Allah, di gurun keusik teh ngalawan ka Nu Maha Agung,

18ngahaja ngadoja ka Allah, marenta dahareun kahayangna.

19Tinggelendeng ngomongkeun ka Allah, "Iasaeun Allah ngayakeun dahareun di gurun keusik?

20Memang Mantenna meupeuh cadas bijil cai, terus ngagolontor jadi susukan, cik iasaeun ngayakeun roti jeung daging keur umat-Na?"

21Ngadangu kitu PANGERAN bendu, seug umat-Na teh diruksak ku seuneu. Pohara benduna ka maranehna,

22lantaran teu tarigin ka Mantenna, teu palercayaeun yen Mantenna baris nulung.

23Ti dinya Mantenna nimbalan ka langit, miwarang mukakeun lawang-lawangna;

24Mantenna nurunkeun gandum ti sawarga, nya eta manna, keur dahareun maranehna.

25Jadi maranehna ngadahar kadaharan para malaikat, sapamenta maranehna dipaparinkeun.

26Sarta Mantenna miwarang angin wetan ngahiuk, sarta ku pangawasa-Na angin kidul ngagelebug,

27ngintun manuk ka umat-Na, lobana tanding keusik di basisir,

28murubut ka tengah pasanggrahanana di sakuliah tempat maranehna.

29Umat-Na disina sareubeuh dahar, sakahayangna ditumutkeun.

30Tapi tacan ge puas napsu maranehna, sabot keur dalahar keneh,

31geus matak bendu PANGERAN. Heug jelema-jelema anu pangbaredasna, pamuda-pamuda Israil, ku Mantenna dibinasa.

32Tapi maranehna taya kakapok, doraka teu euih-euih, teu ngarandel bae kana kaajaiban Mantenna.

33Anu matak umurna ku Mantenna dianggeuskeun, lir napas sarenghap, tumpes dadak sakala.

34Upama ku Allah geus aya nu dibinasa, kakara areling ka Mantenna, nembongkeun pertobat jeung sasambat.

35Kakara areling yen Allah teh panyalindunganana, yen Nu Maha Kawasa teh panulung maranehna.

36Tapi ngakuna kitu teh ngan semet biwir, teu terus jeung hate.

37Saenyana mah maranehna teu saratia, henteu tigin kana jangjina ka Mantenna.

38Tapi Allah mah mikawelas ka umat-Na. Dosa-dosana dihampura, maranehna henteu dibinasa. Sering pisan Mantenna mengkek bendu-Na, nahan wera nu ngagegedur;

39reh kaemut, yen maranehna teh mahluk teu langgeng teu beda ti angin, geus ngaliwat terus musna.

40Di gurun keusik sering pisan ngalawan, sering nganalangsakeun manah-Na.

41Pek deui, pek deui ngadoja ka Allah, ngajaheutan galih Nu Maha Suci Allahna Israil.

42Parohoeun kana kakawasaan Mantenna, parohoeun waktu maranehna dileupaskeun ti musuh-musuhna,

43parohoeun kana kadigjayaan jeung mujijat Mantenna di dataran Soan wewengkon Mesir.

44Mantenna ngarobah cai walungan-walungan jadi getih, nepi ka urang Mesir teu baroga cai keur nginum.

45Mantenna ngadatangkeun laleur, nyiksa urang Mesir, geus kitu tanahna sina diruksak ku bangkong.

46Mantenna ngadatangkeun simeut, meakkeun panenna, ngaruksakkeun lahan-lahanna.

47Mantenna numpurkeun pelak anggur maranehna ku hujan buah tangkal-tangkal kormana bungbang ku hujan es.

48Mantenna maehan sasatoan urang Mesir ku hujan es, maehan pipiaraanana sina disamberan ku gelap.

49Mantenna ngalantarankeun maranehna susah gede, ditarajang ku amarah jeung napsu Mantenna anu ngagedur, anu datangna lir para malakal maot.

50Mantenna masih keneh tuluy bendu-Na, henteu lebareun ku nyawa maranehna, anu tuluy dibasmi ku hiji pagebug.

51Mantenna maehan anak-anak cikal, sakabeh cikal unggal kulawarga urang Mesir.

52Geus kitu Mantenna nuyun umat-Na kaluar, lir hiji pangangon. Maranehna dituyun ngambah gurun keusik.

53Umat-Na diaping, aman teu aya kasieun; ari musuh-musuhna mah tumpur kagulung ku laut.

54Umat-Na dicandak ka tanah kagungana-Na nu suci, ka tanah pagunungan beunang Mantenna ngajabel.

55Urang dinyana diusiran ku Mantenna samemeh umat-Na narepi. Tanahna dibagikeun ka kaom-kaom Israil, imah-imahna diserenkeun ka umat-Na.

56Tapi umat-Na anggur ngaralawan, ngadoja ka Allah Nu Maha Kawasa, henteu narurut kana parentah-Na,

57alalingkar, teu satia, teu beda ti karuhunna, kawas jamparing bengkung teu bisa dipercaya.

58Narangtang ka Allah ku nyarembah ka brahala nyarieun arca sesembahan, matak jaheut ka Mantenna.

59Ningali kitu Allah teh bendu, umat-Na ditolak sama sakali.

60Kemah kagungana-Na di Silo, tempat linggih-Na di tengah manusa ditilar.

61Peti Perjangjian lambang kakawasaan jeung kamulyaana-Na, ku Mantenna diantep dirampas ku musuh.

62Awahing ku bendu, umat-Na diantep diparaehan ku musuh-musuhna.

63Para pamudana tariwas di pangperangan, para mojangna teu aya nu ngawin.

64Imam-imam tariwas ku pedang, randa-randana teu meunang nyaleungceurikan.

65Ti dinya PANGERAN ngorejat, lir nu gugah tina kulem, lir jalma gagah anu kahudang wawanen ku anggur.

66Musuh-musuh-Na dipukul mundur, areleh nepi ka salilana nandangan kaera.

67Tapi Mantenna nolak turunan Yusup jeung teu kersaeun milih kaom Epraim.

68Mantenna anggur milih kaom Yuda jeung Gunung Sion, kameumeut-Na.

69Di dinya Mantenna ngadegkeun Bait-Na kawas panglinggihana-Na nu di sawarga, tohagana satohaga bumi, reugreug pageuh sapapanjangna.

70Mantenna milih abdi-Na, Daud, dicandak ti pangangonan.

71Tina purah ngurus domba, Daud ku Mantenna dijieun raja Israil, anu ngangon umat Allah.

72Umat Allah teh ku Daud diurus kalawan hade, diaping dijaring kalayan binangkit.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 78 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel