Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 85 >> 

1(85-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah. (85-2) Nun PANGERAN, Gusti parantos mikanyaah ka tanah kagungan Israil ku Gusti dipaparin deui karaharjaan;

2(85-3) kadorakaan umat ku Gusti dihapunten, sagala kalepatanana dipaparin ampun.

3(85-4) Gusti parantos nyirep kabendu, mepes wera anu muntab-muntab.

4(85-5) Pulihkeun deui abdi sadaya, nun Allah puhu rahayu, ulah kateterasan teu suka ka abdi sadaya!

5(85-6) Atanapi, naha bade teras ngabenduan salamina, wera sapapanjangna?

6(85-7) Mugi kakiatan abdi-abdi dipulihkeun deui, tangtos abdi-abdi, umat Gusti, bakal maruji sukur.

7(85-8) Kaasihan Gusti anu langgeng, larapkeun deui, abdi-abdi paparin kasalametan, nun PANGERAN.

8(85-9) Kaula keur ngaregepkeun GUSTI Allah sasauran; Mantenna ngajangjikeun katengtreman ka urang, umat-Na, asal urang ulah nyieun deui kagejulan.

9(85-10) Geus pasti Mantenna kersaeun nyalametkeun sakur jalma anu hormat ka salira-Na, sarta Mantenna baris aya di nagri urang, kersaeun ngaraksa.

10(85-11) Kaasih bakal patepung jeung kasatiaan, kaadilan bakal silih rangkul jeung karukunan.

11(85-12) Kasatuhuan manusa baris mencar ti bumi ditilik ku kaadilan Allah ti sawarga.

12(85-13) PANGERAN bakal maparin karaharjaan ka urang, tanah urang bakal rea hasilna.

13(85-14) Kaadilan bakal maju payuneun PANGERAN, nyadiakeun jalan Mantenna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 85 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel