Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 87 >> 

1Jabur golongan Korah. Lagu. PANGERAN ngadegkeun kota-Na di luhur pasir suci-Na.

2Kota Yerusalem teh kakasih PANGERAN, ngungkulan sakabeh tempat nu aya di Israil.

3He kota Allah, reungeukeun, hal-hal nu araheng tina hal anjeun, anu disaurkeun ku Mantenna:

4"Mesir jeung Babul ku Kami rek diasupkeun kana daptar bangsa-bangsa anu narurut ka Kami; urang Pelisti, urang Tirus jeung urang Sudan, rek diasupkeun kana bilangan nu maratuh di Yerusalem."

5Ari Sion bakal kakocapkeun, yen sakabeh bangsa jadi wargana, sarta ku Nu Maha Kawasa, Sion bakal ditohagakeun.

6PANGERAN bakal nyatetkeun jalma-jalma dina daptar, kabeh dijadikeun warga kota Yerusalem.

7Bari ngarigel, maranehna maruji kieu, "Nya di Sion ayana sagala sumber kabagjaan urang."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 87 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel