Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 91 >> 

1Anu nyalindung ka Nu Maha Agung, anu aya dina pangraksa Nu Maha Kawasa,

2bisa unjukan ka Mantenna, "Gusti teh benteng panyalindungan abdi, Allah pangharepan abdi."

3Mantenna baris ngajaga anjeun tina bahya nu teu tembong, tina panyakit anu mateni.

4Mantenna baris mindingan anjeun ku jangjang-Na, anjeun baris aman dina pangraksa-Na, baris dijaga jeung ditangtayungan ku kasatiaana-Na.

5Ti peuting teu kudu mingsir sieun balahi, ti beurang teu kudu rempan ku bahaya ngadadak.

6Teu kudu risi ku panyakit nu datangna waktu poek, teu kudu rentag ku ajal anu narajang waktu caang beurang.

7Najan sarebu anu rebah di gigireun, sapuluh rebu di sakurilingeun, anjeun mah moal kieu-kieu.

8Ku anjeun bakal katingal, kumaha siksaanana jelema jahat.

9Sabab nya PANGERAN nu ku anjeun dijieun panyalindungan, nya Nu Maha Agung nu ku anjeun dipake panyaluuhan.

10Anu matak, bahya moal aya anu datang, kaniaya moal aya nu nyampeurkeun ka eusi imah anjeun.

11Allah baris nempatkeun malaikat-malaikat-Na, ngajaga anjeun sanajan aya di mana.

12Ku eta anjeun teh ditaranggeuy, sangkan suku anjeun teu ngagasruk kana batu.

13Singa galak jeung oray matih ge ku anjeun baris bisa ditincakan.

14Allah ngandika, "Jalma nu nyaah ka Kami tangtu ku Kami disina salamet. Anu ngaku yen Kami teh PANGERAN tangtu ku Kami ditangtayungan.

15Ana maranehna nyambat ka Kami tangtu dibales. Ana maranehna kasusahan, tangtu ku Kami dibaturan, tangtu ditulungan jeung dibere kahormatan.

16Umurna rek dipanjangkeun, ku Kami rek disalametkeun."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 91 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel