Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 92 >> 

1(92-1) Lagu keur poe Sabat. (92-2) Muji sukur ka Gusti teh lampah utami, nun PANGERAN, muji, ngahormat ka Gusti, Allah Anu Maha Agung,

2(92-3) ngabewarakeun satia asih Gusti unggal enjing, sareng kasatiaan Gusti unggal wengi,

3(92-4) bari nabeuh tatabeuhan kawat, sareng lagu nganggo kacapi.

4(92-5) Padamelan Gusti anu harebat ngabungahkeun abdi, abdi nyanyi gumbira ku hal anu parantos dipidamel ku Gusti.

5(92-6) Ku agung padamelan Gusti, nun PANGERAN; mamanahan Gusti sanes teuleum-teuleumaneun!

6(92-7) Moal kasungsi ku jalmi tuna pangarti, moal kahontal ku jalmi bodo.

7(92-8) Nu daroraka najan mekar cara jujukutan, nu jarahat najan hirupna sarenang, tangtos bakal ajur tumpur,

8(92-9) reh Gusti teh nun PANGERAN, kawasa salalanggengna.

9(92-10) Abdi-abdi yakin, musuh-musuh Gusti bakal tumpur, nu jarahat teh bakal kasoran.

10(92-11) Abdi ku Gusti disina bedas lir banteng alas, dipaparin kasenangan.

11(92-12) Parantos katingal musuh abdi teh areleh, parantos kakuping tingkoceakna anu jarahat.

12(92-13) Jalma bener bakal ngagedean cara tangkal korma, bakal jaradi cara kiputri Libanon.

13(92-14) Maranehna ibarat tatangkalan nu dipelak di gedong PANGERAN, jararadi di Bait-Na Allah urang,

14(92-15) nepi ka kolotna ge masih keneh buahan, tetep subur hejo ngemploh.

15(92-16) Eta nembongkeun yen PANGERAN teh adil, panyaluuhan kaula estu taya kuciwana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 92 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel