Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 94 >> 

1Nun PANGERAN, Gusti teh Allah nu nyepeng wawales. Tembongkeun wawales ti Gusti!

2Gusti teh hakim sakumna manusa, bales jalmi nu sarombong teh masing satimpal!

3Sabaraha lamina deui nu daroraka senang-senang? Sabaraha lamina deui, nun PANGERAN?

4Sabaraha lamina deui nu jarahat sarombong, aragul ku kajahatanana?

5Maranehna ngekecek umat Gusti, nun PANGERAN, ngagencet umat kagungan Gusti.

6Randa sareng barudak pahatu diparaehan, kitu deui anu ngalumbara di ieu tanah.

7Carek maranehna, "Moal kanyahoan ku PANGERAN, Allahna Israil teh moal malire."

8He rahayat, ku naon barodo-barodo teuing? Iraha rek daraek diajar?

9Allah nu ngadamel ceuli urang, moal enya teu ngadangu? Mantenna nu ngadamel panon urang, moal enya teu ningali?

10Allah anu nyeuseul bangsa-bangsa, moal enya moal ngahukum? Mantenna guru sakumna manusa, moal enya taya kauninga-Na?

11PANGERAN uninga kana pikiran maranehna, kauninga yen kabeh ge mubadir.

12Bagja jalmi anu dididik ku Gusti, nun PANGERAN, sina terangeun kana hukum Gusti!

13Dina mangsa aya pakewuh, ku Gusti disina ayem, dugi ka nu jahat teh beunang ku burang.

14PANGERAN moal ngabodokeun umat-Na, pamohalan nilarkeun sakur nu jadi kagungana-Na.

15Kaadilan baris aya deui di pangadilan, sarta baris disokong ku nu jalujur.

16Saha nu bela ka abdi, ngalawan anu jarahat? Saha nu aya gigireun abdi, ngalawan para durjana?

17Upami teu aya pitulung PANGERAN, tangtos abdi parantos pindah ka enggon anu maraot.

18Sanggem pikiran, "Aduh tiguling," nanging teras disangkeh ku satia asih Gusti.

19Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.

20Gusti tara biluk ka hakim-hakim nu serong, anu ngesahkeun kateuadilan,

21anu sapongkol nyalahkeun nu bener, anu nerapkeun hukum pati ka nu teu salah.

22Untung kaula, dibela ku PANGERAN diraksa ku Allah kaula.

23Kajahatan maranehna baris dihukum ku Mantenna, ditumpes ku karana dosa-dosana, geus tangtu baris ditumpes, ku PANGERAN, Allah urang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 94 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel