Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 99 >> 

1PANGERAN teh Raja, bangsa-bangsa gumeter. Mantenna linggih dina tahta, luhureun mukarabin, bumi inggeung.

2PANGERAN kawasa di Sion, estu pinunjul, murba ka bangsa-bangsa sakumna.

3Bangsa-bangsa bakal maruji kaagungan jeung kadaulatan jenengana-Na. Suci Mantenna teh!

4Nun Raja kawasa, Gusti teh tigin kana kaadilan, Gusti parantos ngukuhkeun hukum di Israil, parantos ngajalankeun kaadilan sareng katemenan.

5Agungkeun PANGERAN, Allah urang, geura sembah sujud hareupeun tahta-Na! Suci Mantenna teh!

6Musa jeung Harun kaasup imam-imam Mantenna, Samuel kaasup anu nyambat ka Mantenna; aranjeunna sasambat ka PANGERAN, ku Mantenna diwaler.

7Mantenna ngandika ka aranjeunna tina tihang mega; aranjeunna ta’at kana hukum jeung timbalan-timbalana-Na.

8Nun PANGERAN, Allah abdi sadaya, Gusti ngawaler panyambat umat. Sanaos ku karana dosana maranehna dihukum, nanging Gusti nganyatakeun yen Gusti teh Allah nu jembar hampura.

9Puji PANGERAN, Allah urang, bakti Mantenna, di Gunung-Na anu suci. PANGERAN teh Allah urang anu suci.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 99 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel