Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nahum 1 >> 

1Ieu pesen ti Allah ngeunaan nagri Ninewe, anu ditembongkeun ka Nahum, urang Elkos, dina hiji tetenjoan.

2PANGERAN Allah, moal nyabaran ka nu osok mapadanan. Nu ngaralawan ka Anjeunna pasti narima hukuman, maranehna bakal meunang wawales.

3PANGERAN tara gampil-gampil wera. Tapi Anjeunna teh kawasa, anu jahat mo diantep luput tina hukuman. Ka mana bae PANGERAN angkat, ger aya topan, sampeana-Na naekkeun kekebul jadi mega!

4Mantenna nimbalan ka laut, laut jadi saat walungan-walungan ngoletrak. Tegalan-tegalan di Basan gararing, Gunung Karmel jadi perang, kekembangan Libanon aralum.

5Gunung-gunung aroyag di payuneun PANGERAN, pasir-pasir laleyur di payuneuna-Na. Ana PANGERAN nembongan, jagat inggeung, dunya gumeter reujeung sakumna pangeusina.

6Saha nu bisa tagen ana Mantenna geus wera? Saha anu kuat nyanghareupan bendu-Na? Bendu-Na tamplok ngagegedur, cadas-cadas ajur jadi lebu di payuneuna-Na.

7PANGERAN teh mulya manah, mun umat-Na meunang susah ku Mantenna diraksa. Sakur anu nyalindung ka Mantenna dijaga.

8Lir banjir nu ngagulidag, Mantenna ngabasmi musuh-musuh-Na. Nu ngalawan, disina tinemu jeung ajalna.

9Keur sakongkol naon maraneh, eh, nu rek ngalawan ka PANGERAN? Pinasti ku Mantenna dibasmi! Moal aya nu bisa ngalawan ka Mantenna leuwih ti sakali.

10Maraneh tangtu diduruk, saperti rungkun cucuk nu pajeujeut, saperti jarami garing.

11Ti Maneh, eh Ninewe, aya saurang, nu boga niat jahat rek ngalawan ka PANGERAN.

12Kieu sabda PANGERAN ka Israil, umat-Na, "Sakumaha rongkahna urang Asur, sakumaha lobana baladna, pinasti dibasmi nepi ka musna. Eh umat Kami, maraneh ku Kami geus disangsara, tapi moal deui-deui.

13Ayeuna Kami rek namatkeun kakawasaan Asur ka maraneh, rante-rantena anu dipake ngabarogod ka maraneh rek dipegat-pegatkeun."

14Kieu sabda PANGERAN ngeunaan urang Asur, "Maranehna moal baroga turunan anu bakal neruskeun ngaranna. Arca-arca di jero kuil-kuil para dewana, ku Kami arek dibasmi. Urang Asur ku Kami keur dipangnyieunkeun kuburan, sabab maranehna teu pantes hirup!"

15Tenjo, aya utusan datang ngaliwatan gunung-gunung, mawa beja hade, beja kaunggulan! Eh, urang Yuda, geura pestakeun poe pesta maraneh! Sarta bayar nadar maraneh anu geus diikrarkeun ka Allah. Nagri maraneh moal ditempuh deui ku musuh. Maranehna geus diancurkeun sama sakali.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Nahum 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel