Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nehemia 10 >> 

1Anu pangheulana nanda eta ikrar perjangjian nya eta gupernur Nehemia bin Hakalya, tuluy Sidkia. Nu sejenna:

2(10:2-8) Para imam: Seraya, Asarya, Yermia, Pashur, Amarya, Malkia, Hatus, Sebanya, Maluk, Harim, Meremot, Obaja, Daniel, Gineton, Baruk, Mesulam, Abiya, Miyamin, Maasia, Bilgai jeung Semaya.

3(10:2)

4(10:2)

5(10:2)

6(10:2)

7(10:2)

8(10:2)

9(10:9-13) Urang Lewi: Yesua bin Asanya, Binui, ti warga Henadad, Kadmiel, Sebanya, Hodia, Kelita, Pelaya, Hanan, Mika, Rehob, Hasabya, Sakur, Serebya, Sebanya, Hodia, Bani jeung Beninu.

10(10:9)

11(10:9)

12(10:9)

13(10:9)

14(10:14-27) Pamingpin-pamingpin: Paros, Pahat Moab, Elam, Satu, Bani, Buni, Asgad, Bebai, Adonia, Bigwai, Adin, Ater, Hiskia, Asur, Hodia, Hashum, Besai, Harip, Anatot, Nebai, Magpias, Mesulam, Hesir, Mesesabel, Sadok, Yadua, Pelaca, Hanan, Anaya, Hosea, Hananya, Hasub, Halohes, Pilha, Sobek, Rehum, Hasabna, Maaseya, Ahia, Hanan, Anan, Maluk, Harim jeung Baana.

15(10:14)

16(10:14)

17(10:14)

18(10:14)

19(10:14)

20(10:14)

21(10:14)

22(10:14)

23(10:14)

24(10:14)

25(10:14)

26(10:14)

27(10:14)

28Kaula kabeh, rahayat Israil, para imam, urang Lewi, para pangawal Bait Allah, para pamaen musik Bait Allah, kuli-kuli Bait Allah, jeung lian-lianna, sakur anu tunduk kana Hukum Allah, geus marisahkeun diri ti jalma-jalma urang asing anu caricing di nagri kaula kabeh, oge pamajikan jeung anak anu geus aya pangartina.

29Kaula kabeh, bareng jeung para pamingpin, ngikrarkeun sumpah anu diancam ku panyapa saupama ngalanggar eta sumpah, yen: Kaula kabeh sumeja hirup nurutkeun Hukum Allah, anu ku Allah dipaparinkeun ku perantaraan abdi-Na, Musa. Kaula kabeh sumeja tunduk kana sakabeh timbalan-timbalan PANGERAN, Allah kaula kabeh. Kaula kabeh nyekel sagala papakon-Na jeung sagala sarat-sarat-Na.

30Kaula kabeh moal boga rabi ka bangsa sejen anu marukim di tanah kaula kabeh.

31Kaula kabeh moal rek meuli gandum atawa naon bae anu ku bangsa sejen dijual dina poe Sabat, atawa dina poe-poe sejenna anu disucikeun. Tujuh taun sakali, hasil-hasil tanah moal dipiboga, pihutang-pihutang rek ditalangan.

32Saban taun kaula kabeh baris iuran perak masing-masing lima gram, pikeun ngabantu ngabalanjaan Bait Allah.

33Kaula kabeh baris nyadiakeun kaperluan-kaperluan geusan babakti di Bait Allah: Roti sasajen, gandum keur kurban poean, sato-sato keur kurban beuleuman, derma suci pikeun Sabat, pikeun Pesta Bulan Anyar, pikeun pesta-pesta lianna, derma-derma suci lianna, derma-derma panebus dosa Israil, jeung sagala rupa kaperluan Bait Allah.

34Kaula kabeh, rahayat, para imam, urang Lewi, saban taun baris ngalotre golongan mana anu kudu nyadiakeun suluh, keur ngaduruk kurban-kurban sanggakeuneun ka PANGERAN, Allah kaula kabeh, luyu jeung ungel Hukum.

35Kaula kabeh, saban taun ka Bait Allah baris nyanggakeun gandum panen cikal, jeung bubuahan anu asakna dina tangkal pangheulana.

36Tiap-tiap anak cikal anu lalaki, baris dideuheuskeun ka imam di Bait Allah, disembahkeun ka Allah, luyu jeung nu kaungel dina Hukum. Kitu oge anak sapi cikalna, anak domba cikalna, anak embe cikalna.

37Kaula kabeh, pikeun para imam di Bait Allah, baris ngahaturanan adonan tipung tarigu tina panen cikal saban taun, anggur, minyak jetun, jeung rupa-rupa bubuahan. Ka urang Lewi, kaula kabeh baris mere perpuluhan tina hasil tani desa-desa, perpuluhan palawija.

38Urang Lewi anu mupul perpuluhan kudu dibarengan ku imam-imam turunan Harun. Hasil pungutan perpuluhan tea ku urang Lewi kudu disimpen sapersapuluhna di kamar simpen di Bait Allah, pikeun kaperluan Bait Allah.

39Iuran-iuran rupa gandum, anggur jeung minyak jetun, ku rahayat Israil jeung ku urang Lewi kudu dibawa ka kamar simpen tempat nyimpen paparabotan Bait Allah, anu dipake ku para imam anu keur tugas, ku pangawal-pangawal Bait Allah, jeung ku para pamaen musik. Kaula kabeh moal ngalalaworakeun ngarawat Bait Allah panutan kaula kabeh.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Nehemia 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel